Malem minggu kamari panggih jeung kang Juniarso Ridwan, panyajak nu oge kepala dinas tatakota bandung, acarana mah kabudayaan
Di GSPI, galeri seni Popo Iskandar (mertuana) di ledeng the payuneun of UPI. Aya acara baca puisi, musik, silat, jsb. Malah aya Oneng Rieke Diah Pitaloka sagala, maca dua tilu sajakna. Ngobrol soal calon walkot da kabeneran aya Ayi Vivananda (pdip), calon wakil walkot pasangan Dada Rosada (golkar). Pasangan ti partey aya dua, PAN-PKS (Dr Taufikurrachman, dosen biologi itb jeung abu syauqie), Golkar-PDIP (Dada Rosada jeung Ayi Vivananda), jeung ti independen 1. (poho deui, Hadi asana singkatanana) Pikeun calon walikota bandung non-partai, pan aya aturan kudu meunang dukungan ti 50 rebu urang. Teu cukup ku tandatangan, tapi jeung pernyataan dukungan nu make materai @ rp. 6.000 Jadi mun 50.000 urang x 6.000 = Rp. 30.000.000 Meureun teu kitu wungkul. Kudu ari nasi bungkus mah. Ayeuna aya partey nu masang baliho, narima pendaptaran ti umum pikeun calon legislatif alias dprd jeung dpr. Meureun carana kudu setor heula. Teu bisa ukur ngacung. Jadi teu aneh pangna aya babasan bahasa amrik, be a rich then a politician Ongkos politik teh muahaall Syukur mun ancrub ka pulitik teh dumasar kana idealisme hayang ngamajukeun nagreg atawa teu nanaonlah Ngan ukur pikeun aktualisasi diri cek Abraham Maslowna, da geus beunghar, naon deui, kari sohorna mun can sohor. Mun ti jalur artis, sohor enggeus, duit ge meureun merekis, nya sarua kitu. -- Tapi da si kuring mah moal nyoblos, da urang kabupaten bandung barat :-)

