Nyaeta kang, matakna aya klarifikasi.
Klarifikasi ayeuna ceuk kuring mah nyaan pisan dipariksana, dipariksana di
tingkat PPS, trus ampir sadayana dukungan teh ditaroskeun deui kanu gaduh
KTP, naha leres ngadukung calon eta? teras oge aya kasus hiji jalmi
ngadukung 2 calon independen, tah eta oge dukunganna janten gugur.
Perkawis KTP anu dibajak, aya kasus anu kapendak di Kecamatan Buah batu,
apanan kecamatan eta teh kecamatan anyar, tah seueur warga anu ngagentoskeun
KTPna digentos ku KTP enggal anu statusna janten warga Kec Buahbatu.
taaahh... ternyata kamari arsip KTP tilas ieu dimanfaatkeun ku Oknum Petugas
kecamatan, jadi ku manehna dikumpulkeun, terus di fotocopy trus disimpen
deui dinu arsip, teras diical ka calon independen. kituw kang... (sumber:
pegawai kecamatan)

tah, janten jigana mah perkawis aya fotokopi KTP anu dibajak mah jigana teu
tebih tina motokopi arsip.
Seueur pisan kemungkinan terjadi pendukungan palsu jiga kieu, conto anu
lainna, misalkeun aya anu kantos ngadamel kartu kredit atawa naon weh, terus
petugas arsipna di iming2 artos weh, janten weh arsip KTP urang tiasa kaluar
terus weh dipotokopi ku batur.

kituw meureun...


-Bohay-

2008/7/23 rechi ossa <[EMAIL PROTECTED]>:

>   anu aneh mah kang bohay..... pun lanceuk ujug-ujug aya tawisan plus
> fotokopi ktmna aya di 20 nami dina surat dukungan tea..... kumaha tah tiasa
> kitu nya.... padahal pun lanceuk mah teu terang nanaon.... ditaros oge ku rt
> .... duka cenah bet tiasa kitu..... nu janten patarosan teh... naha timana
> eta fotokopi ktp bet aya sareng naha bet wantun2 malsu tandatawis......
> kituw cenah.....
>
>
> *"Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Teu kitu kang, kaleresan kamari kantos ninggal format surat dukungan
> independen ti KPUD, janten dina salambar serat teh muat langkung ti 20 nami
> (hilap deui pastina sabaraha), tah tiap lembar nembe ngangge materai. kituw
> kang...
>
> -Bohay-
>
> 2008/7/22 mj <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>>
>> Malem minggu kamari panggih jeung kang Juniarso Ridwan, panyajak nu oge
>> kepala dinas tatakota bandung, acarana mah kabudayaan
>> Di GSPI, galeri seni Popo Iskandar (mertuana) di ledeng the payuneun of
>> UPI. Aya acara baca puisi, musik, silat, jsb.
>> Malah aya Oneng Rieke Diah Pitaloka sagala, maca dua tilu sajakna.
>>
>> Ngobrol soal calon walkot da kabeneran aya Ayi Vivananda (pdip), calon
>> wakil walkot pasangan Dada Rosada (golkar).
>> Pasangan ti partey aya dua, PAN-PKS (Dr Taufikurrachman, dosen biologi itb
>> jeung abu syauqie), Golkar-PDIP (Dada Rosada jeung Ayi Vivananda), jeung ti
>> independen 1. (poho deui, Hadi asana singkatanana)
>>
>> Pikeun calon walikota bandung non-partai, pan aya aturan kudu meunang
>> dukungan ti 50 rebu urang.
>> Teu cukup ku tandatangan, tapi jeung pernyataan dukungan nu make materai @
>> rp. 6.000
>> Jadi mun 50.000 urang x 6.000 = Rp. 30.000.000
>>
>> Meureun teu kitu wungkul. Kudu ari nasi bungkus mah.
>> Ayeuna aya partey nu masang baliho, narima pendaptaran ti umum pikeun
>> calon legislatif alias dprd jeung dpr.
>> Meureun carana kudu setor heula. Teu bisa ukur ngacung.
>>
>> Jadi teu aneh pangna aya babasan bahasa amrik, be a rich then a politician
>> Ongkos politik teh muahaall
>>
>> Syukur mun ancrub ka pulitik teh dumasar kana idealisme hayang ngamajukeun
>> nagreg atawa teu nanaonlah
>> Ngan ukur pikeun aktualisasi diri cek Abraham Maslowna, da geus beunghar,
>> naon deui, kari sohorna mun can sohor.
>>
>> Mun ti jalur artis, sohor enggeus, duit ge meureun merekis, nya sarua
>> kitu.
>>
>> --
>> Tapi da si kuring mah moal nyoblos, da urang kabupaten bandung barat J
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke