Klarifikasi deui, kalimat pertama digentos janten "nyaeta kang/teh, matakna aya klarifikasi"
kesalahan sudah di klarifikasi. hihihihihi... -Bohay- 2008/7/23 Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]>: > Nyaeta kang, matakna aya klarifikasi. > Klarifikasi ayeuna ceuk kuring mah nyaan pisan dipariksana, dipariksana di > tingkat PPS, trus ampir sadayana dukungan teh ditaroskeun deui kanu gaduh > KTP, naha leres ngadukung calon eta? teras oge aya kasus hiji jalmi > ngadukung 2 calon independen, tah eta oge dukunganna janten gugur. > Perkawis KTP anu dibajak, aya kasus anu kapendak di Kecamatan Buah batu, > apanan kecamatan eta teh kecamatan anyar, tah seueur warga anu ngagentoskeun > KTPna digentos ku KTP enggal anu statusna janten warga Kec Buahbatu. > taaahh... ternyata kamari arsip KTP tilas ieu dimanfaatkeun ku Oknum Petugas > kecamatan, jadi ku manehna dikumpulkeun, terus di fotocopy trus disimpen > deui dinu arsip, teras diical ka calon independen. kituw kang... (sumber: > pegawai kecamatan) > > tah, janten jigana mah perkawis aya fotokopi KTP anu dibajak mah jigana teu > tebih tina motokopi arsip. > Seueur pisan kemungkinan terjadi pendukungan palsu jiga kieu, conto anu > lainna, misalkeun aya anu kantos ngadamel kartu kredit atawa naon weh, terus > petugas arsipna di iming2 artos weh, janten weh arsip KTP urang tiasa kaluar > terus weh dipotokopi ku batur. > > kituw meureun... > > > -Bohay- > > 2008/7/23 rechi ossa <[EMAIL PROTECTED]>: > > anu aneh mah kang bohay..... pun lanceuk ujug-ujug aya tawisan plus >> fotokopi ktmna aya di 20 nami dina surat dukungan tea..... kumaha tah tiasa >> kitu nya.... padahal pun lanceuk mah teu terang nanaon.... ditaros oge ku rt >> .... duka cenah bet tiasa kitu..... nu janten patarosan teh... naha timana >> eta fotokopi ktp bet aya sareng naha bet wantun2 malsu tandatawis...... >> kituw cenah..... >> >> >> *"Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: >> >> Teu kitu kang, kaleresan kamari kantos ninggal format surat dukungan >> independen ti KPUD, janten dina salambar serat teh muat langkung ti 20 nami >> (hilap deui pastina sabaraha), tah tiap lembar nembe ngangge materai. kituw >> kang... >> >> -Bohay- >> >> 2008/7/22 mj <[EMAIL PROTECTED]>: >> >>> >>> Malem minggu kamari panggih jeung kang Juniarso Ridwan, panyajak nu oge >>> kepala dinas tatakota bandung, acarana mah kabudayaan >>> Di GSPI, galeri seni Popo Iskandar (mertuana) di ledeng the payuneun of >>> UPI. Aya acara baca puisi, musik, silat, jsb. >>> Malah aya Oneng Rieke Diah Pitaloka sagala, maca dua tilu sajakna. >>> >>> Ngobrol soal calon walkot da kabeneran aya Ayi Vivananda (pdip), calon >>> wakil walkot pasangan Dada Rosada (golkar). >>> Pasangan ti partey aya dua, PAN-PKS (Dr Taufikurrachman, dosen biologi >>> itb jeung abu syauqie), Golkar-PDIP (Dada Rosada jeung Ayi Vivananda), jeung >>> ti independen 1. (poho deui, Hadi asana singkatanana) >>> >>> Pikeun calon walikota bandung non-partai, pan aya aturan kudu meunang >>> dukungan ti 50 rebu urang. >>> Teu cukup ku tandatangan, tapi jeung pernyataan dukungan nu make materai >>> @ rp. 6.000 >>> Jadi mun 50.000 urang x 6.000 = Rp. 30.000.000 >>> >>> Meureun teu kitu wungkul. Kudu ari nasi bungkus mah. >>> Ayeuna aya partey nu masang baliho, narima pendaptaran ti umum pikeun >>> calon legislatif alias dprd jeung dpr. >>> Meureun carana kudu setor heula. Teu bisa ukur ngacung. >>> >>> Jadi teu aneh pangna aya babasan bahasa amrik, be a rich then a >>> politician >>> Ongkos politik teh muahaall >>> >>> Syukur mun ancrub ka pulitik teh dumasar kana idealisme hayang >>> ngamajukeun nagreg atawa teu nanaonlah >>> Ngan ukur pikeun aktualisasi diri cek Abraham Maslowna, da geus beunghar, >>> naon deui, kari sohorna mun can sohor. >>> >>> Mun ti jalur artis, sohor enggeus, duit ge meureun merekis, nya sarua >>> kitu. >>> >>> -- >>> Tapi da si kuring mah moal nyoblos, da urang kabupaten bandung barat J >>> >> >> >> >> > >

