kaping iyeu
tilu warsih kapengker...........
urang nalikeun asih dina wanda jatukrami
maheutkeun rasa dina qolbu
nagbeungkeutkeun kereteg dina ati
seja ngambah sagara kahirupan

silih simbeuhan kanyaah
silih ragap kahayang
silih nitipkeun diri
dina tempat nu maranti

kasukan tur kabungah
dareuda tur cumalimba
kasorang babarengan
silih ayang-ayangan

ayeuna.....
tilu warsih kapengker
urang batian jalu dua
pamageuh asih pangiket rasa
bekel urang ngalalana
silih ngaping di mayapada

Gusti nu murbeng alam
jadikeun abdi sadaya
satuhu sapaneja ka Gusti
sholeh tur cageurkeun
salalawasna putra abdi

tong codeka tur deleka ka Gusti
jantenkeun kaberkahan sareng rohmat
salalawasna mayungan
ringkak paripolah kulawargi kami
lubarkeun sagala kasalahan tur dosa kami,
amiin


tanah kusih, 14 agustus 2008  01.30 WIB

Kirim email ke