pasti ieu puisina ti teh ani nya...??
da nu biasa pupuisian mah biasana teh ani, atawa tos nular kituw....???
hehehe...

diantos ahhh... puisi sunda nu sanesna, resep ari macaan puisi sunda teh...

-panzi-


> kaping iyeu
> tilu warsih kapengker...........
> urang nalikeun asih dina wanda jatukrami
> maheutkeun rasa dina qolbu
> nagbeungkeutkeun kereteg dina ati
> seja ngambah sagara kahirupan
>
> silih simbeuhan kanyaah
> silih ragap kahayang
> silih nitipkeun diri
> dina tempat nu maranti
>
> kasukan tur kabungah
> dareuda tur cumalimba
> kasorang babarengan
> silih ayang-ayangan
>
> ayeuna.....
> tilu warsih kapengker
> urang batian jalu dua
> pamageuh asih pangiket rasa
> bekel urang ngalalana
> silih ngaping di mayapada
>
> Gusti nu murbeng alam
> jadikeun abdi sadaya
> satuhu sapaneja ka Gusti
> sholeh tur cageurkeun
> salalawasna putra abdi
>
> tong codeka tur deleka ka Gusti
> jantenkeun kaberkahan sareng rohmat
> salalawasna mayungan
> ringkak paripolah kulawargi kami
> lubarkeun sagala kasalahan tur dosa kami,
> amiin
>
>
> tanah kusih, 14 agustus 2008  01.30 WIB

Kirim email ke