adeuh... Ani-na kamana yeuh? Biasana mah mun aya nu nyajak teh sok
patembalan...

On Thu, Aug 14, 2008 at 8:30 AM, ikmal wrote:

>   kaping iyeu
> tilu warsih kapengker...........
> urang nalikeun asih dina wanda jatukrami
> maheutkeun rasa dina qolbu
> nagbeungkeutkeun kereteg dina ati
> seja ngambah sagara kahirupan
>
> silih simbeuhan kanyaah
> silih ragap kahayang
> silih nitipkeun diri
> dina tempat nu maranti
>
> kasukan tur kabungah
> dareuda tur cumalimba
> kasorang babarengan
> silih ayang-ayangan
>
> ayeuna.....
> tilu warsih kapengker
> urang batian jalu dua
> pamageuh asih pangiket rasa
> bekel urang ngalalana
> silih ngaping di mayapada
>
> Gusti nu murbeng alam
> jadikeun abdi sadaya
> satuhu sapaneja ka Gusti
> sholeh tur cageurkeun
> salalawasna putra abdi
>
> tong codeka tur deleka ka Gusti
> jantenkeun kaberkahan sareng rohmat
> salalawasna mayungan
> ringkak paripolah kulawargi kami
> lubarkeun sagala kasalahan tur dosa kami,
> amiin
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke