Romantis.... :D

_____________________________
Sent from my phone using flurry - Get free mobile email and news at: 
http://www.flurry.com

--- Original Message ---
Date: Wed Aug 13 18:29:09 PDT 2008
From: ikmal <[EMAIL PROTECTED]>
To: Urang Sunda <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] kaping iyeu,tilu warsih kapengker...........
---

kaping iyeu
tilu warsih kapengker...........
urang nalikeun asih dina wanda jatukrami maheutkeun rasa dina qolbu 
nagbeungkeutkeun kereteg dina ati
seja ngambah sagara kahirupan

silih simbeuhan kanyaah
silih ragap kahayang
silih nitipkeun diri
dina tempat nu maranti

kasukan tur kabungah
dareuda tur cumalimba
kasorang babarengan
silih ayang-ayangan

ayeuna.....
tilu warsih kapengker
urang batian jalu dua
pamageuh asih pangiket rasa
bekel urang ngalalana
silih ngaping di mayapada

Gusti nu murbeng alam
jadikeun abdi sadaya
satuhu sapaneja ka Gusti
sholeh tur cageurkeun
salalawasna putra abdi

tong codeka tur deleka ka Gusti jantenkeun kaberkahan sareng rohmat salalawasna 
mayungan
ringkak paripolah kulawargi kami lubarkeun sagala kasalahan tur dosa kami, amiin

tanah kusih, 14 agustus 2008  01.30 WIB

Kirim email ke