Cobi ka kang Syaiful Rachman di milist baraya-Sunda dikontak. Mh
mungkin tiasa ngabantosan?

manAR

On Tue, Sep 2, 2008 at 2:39 PM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten ka wargi Sunda nu aya di walanda,
> kuring nyungkeun bongbolongan yeuh.....
>
> Kamari aya nu nyalukan tina internet, kabagean pakulian di walanda.
> Cenah mah diantos konpirmasi kanggo interview....
> Kuring can gaduh pandangan, jeung persiapan dina interview yeuh....janten
> dipending heula...
>
> Ari bahan2 nu can terang teh diantawisna perkawis:
> 1. Gaji (deui-deui gaji-matre pisan! heuheu....). Bade tumaros, saupami
> standar gaji perbulan di walanda kanggo engineer di widang perkapalan
> (pangalaman 10 taun) sabaraha nya?
> 2. Kaperluan hirup per bulan di walanda sabaraha, asumsi na kulawarga di
> bawa jeung hirup diditu..
> 3. Bahasa, naha bahasa inggris dipake ditempat kerja? numawi simkuring can
> bisa sakecap2 acan bahasa walanda. eh....ari sakecap dua kecap mah terang
> ......."sendal".....heuheu...
> Margi pm sadidinten kudu ngangge bahasa walanda, meureun moal pibetaheun tah
> pagawean teh....jadi tunggul....batur galecok.....kuring nyempod di popojok
> bari nangkeup tuur. heuheu.....
> 4. Kebebasan beribadah, Sakaterang kuring, walanda ijid pisan ka umat muslim
> (enya kitu?). tah kumaha anu saleresna? Fasilitas sapertos masjid sareng
> pengajian aya kitu?
> Teras, samodel di Singapura, nagara na appriori ka jalma anyar nu make
> janggot, disangki teroris tah kumaha diditu? margi kuring terus terang
> ngingu janggot. najan sa cewir oge....tetep weee janggot. Cenah ceuk urang
> ditu, janggot teh ciri Islam radikal (astaghfirullah sunnah tos di reksak).
> 5. Sign board di tempat2 umum, ngangge bahasa walanda? bisik jadi lieur, ke
> nyasab teu bisa balik ka imah....
> 6. Bilih aya masukan nu lain na.....(manawi.....harga minyak bensin..?? jsb)
> kanggo perbandingan...
>
> Diantos pisan bongbolongan US di Walanda...
> Wassalam-kasadayana, wilujeng sasih saum
> Nu keur kuli di nagri batur
>
>
>
> 

Kirim email ke