Aya urang leles garut ngarana Asep, alamat : Ackerwin de straat.
Basa keur ngora diajak ku kulawarga de graaf.
Pedahna pernah nyalametkeun "anak turis" numeh ti lelep di karang setra.
Wuahhhh baheula pisan.
Ayeunana geus jiga saha, duka tah?

Punten mung sakitu nu kuring nyaho.

-----Original Message-----
From: Dadi Kurniadi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, September 02, 2008 2:40 PM
To: urang sunda milist
Subject: [Urang Sunda] US nu di Walanda....Tulung

Punten ka wargi Sunda nu aya di walanda,
kuring nyungkeun bongbolongan yeuh.....

Kamari aya nu nyalukan tina internet, kabagean pakulian di walanda.
Cenah mah diantos konpirmasi kanggo interview....
Kuring can gaduh pandangan, jeung persiapan dina interview
yeuh....janten dipending heula...

Ari bahan2 nu can terang teh diantawisna perkawis:
1. Gaji (deui-deui gaji-matre pisan! heuheu....). Bade tumaros, saupami
standar gaji perbulan di walanda kanggo engineer di widang perkapalan
(pangalaman 10 taun) sabaraha nya?
2. Kaperluan hirup per bulan di walanda sabaraha, asumsi na kulawarga di
bawa jeung hirup diditu..
3. Bahasa, naha bahasa inggris dipake ditempat kerja? numawi simkuring
can bisa sakecap2 acan bahasa walanda. eh....ari sakecap dua kecap mah
terang ......."sendal".....heuheu...
Margi pm sadidinten kudu ngangge bahasa walanda, meureun moal pibetaheun
tah pagawean teh....jadi tunggul....batur galecok.....kuring nyempod di
popojok bari nangkeup tuur. heuheu.....
4. Kebebasan beribadah, Sakaterang kuring, walanda ijid pisan ka umat
muslim (enya kitu?). tah kumaha anu saleresna? Fasilitas sapertos masjid
sareng pengajian aya kitu?
Teras, samodel di Singapura, nagara na appriori ka jalma anyar nu make
janggot, disangki teroris tah kumaha diditu? margi kuring terus terang
ngingu janggot. najan sa cewir oge....tetep weee janggot. Cenah ceuk
urang ditu, janggot teh ciri Islam radikal (astaghfirullah sunnah tos di
reksak).
5. Sign board di tempat2 umum, ngangge bahasa walanda? bisik jadi lieur,
ke nyasab teu bisa balik ka imah....
6. Bilih aya masukan nu lain na.....(manawi.....harga minyak bensin..??
jsb) kanggo perbandingan...

Diantos pisan bongbolongan US di Walanda...
Wassalam-kasadayana, wilujeng sasih saum
Nu keur kuli di nagri batur






This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If 
you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose 
or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and 
delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, 
interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any 
such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN 
Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

Kirim email ke