Punten ka wargi Sunda nu aya di walanda,
kuring nyungkeun bongbolongan yeuh.....
 
Kamari aya nu nyalukan tina internet, kabagean pakulian di walanda.
Cenah mah diantos konpirmasi kanggo interview....
Kuring can gaduh pandangan, jeung persiapan dina interview yeuh....janten 
dipending heula...
 
Ari bahan2 nu can terang teh diantawisna perkawis:
1. Gaji (deui-deui gaji-matre pisan! heuheu....). Bade tumaros, saupami standar 
gaji perbulan di walanda kanggo engineer di widang perkapalan (pangalaman 10 
taun) sabaraha nya? 
2. Kaperluan hirup per bulan di walanda sabaraha, asumsi na kulawarga di bawa 
jeung hirup diditu..
3. Bahasa, naha bahasa inggris dipake ditempat kerja? numawi simkuring can bisa 
sakecap2 acan bahasa walanda. eh....ari sakecap dua kecap mah terang 
......."sendal".....heuheu...
Margi pm sadidinten kudu ngangge bahasa walanda, meureun moal pibetaheun tah 
pagawean teh....jadi tunggul....batur galecok.....kuring nyempod di popojok 
bari nangkeup tuur. heuheu.....
4. Kebebasan beribadah, Sakaterang kuring, walanda ijid pisan ka umat muslim 
(enya kitu?). tah kumaha anu saleresna? Fasilitas sapertos masjid sareng 
pengajian aya kitu? 
Teras, samodel di Singapura, nagara na appriori ka jalma anyar nu make janggot, 
disangki teroris tah kumaha diditu? margi kuring terus terang ngingu janggot. 
najan sa cewir oge....tetep weee janggot. Cenah ceuk urang ditu, janggot teh 
ciri Islam radikal (astaghfirullah sunnah tos di reksak).
5. Sign board di tempat2 umum, ngangge bahasa walanda? bisik jadi lieur, ke 
nyasab teu bisa balik ka imah....
6. Bilih aya masukan nu lain na.....(manawi.....harga minyak bensin..?? jsb) 
kanggo perbandingan...
 
Diantos pisan bongbolongan US di Walanda...
Wassalam-kasadayana, wilujeng sasih saum
Nu keur kuli di nagri batur
 
 


      

Kirim email ke