tos di-forward ka kang prabu rahman, antosan we.

salam,
mh

On Tue, Sep 2, 2008 at 4:14 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cobi ka kang Syaiful Rachman di milist baraya-Sunda dikontak. Mh
> mungkin tiasa ngabantosan?
>
> manAR
>
> On Tue, Sep 2, 2008 at 2:39 PM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Punten ka wargi Sunda nu aya di walanda,
>> kuring nyungkeun bongbolongan yeuh.....
>>
>> Kamari aya nu nyalukan tina internet, kabagean pakulian di walanda.
>> Cenah mah diantos konpirmasi kanggo interview....
>> Kuring can gaduh pandangan, jeung persiapan dina interview yeuh....janten
>> dipending heula...
>>
>> Ari bahan2 nu can terang teh diantawisna perkawis:
>> 1. Gaji (deui-deui gaji-matre pisan! heuheu....). Bade tumaros, saupami
>> standar gaji perbulan di walanda kanggo engineer di widang perkapalan
>> (pangalaman 10 taun) sabaraha nya?
>> 2. Kaperluan hirup per bulan di walanda sabaraha, asumsi na kulawarga di
>> bawa jeung hirup diditu..
>> 3. Bahasa, naha bahasa inggris dipake ditempat kerja? numawi simkuring can
>> bisa sakecap2 acan bahasa walanda. eh....ari sakecap dua kecap mah terang
>> ......."sendal".....heuheu...
>> Margi pm sadidinten kudu ngangge bahasa walanda, meureun moal pibetaheun tah
>> pagawean teh....jadi tunggul....batur galecok.....kuring nyempod di popojok
>> bari nangkeup tuur. heuheu.....
>> 4. Kebebasan beribadah, Sakaterang kuring, walanda ijid pisan ka umat muslim
>> (enya kitu?). tah kumaha anu saleresna? Fasilitas sapertos masjid sareng
>> pengajian aya kitu?
>> Teras, samodel di Singapura, nagara na appriori ka jalma anyar nu make
>> janggot, disangki teroris tah kumaha diditu? margi kuring terus terang
>> ngingu janggot. najan sa cewir oge....tetep weee janggot. Cenah ceuk urang
>> ditu, janggot teh ciri Islam radikal (astaghfirullah sunnah tos di reksak).
>> 5. Sign board di tempat2 umum, ngangge bahasa walanda? bisik jadi lieur, ke
>> nyasab teu bisa balik ka imah....
>> 6. Bilih aya masukan nu lain na.....(manawi.....harga minyak bensin..?? jsb)
>> kanggo perbandingan...
>>
>> Diantos pisan bongbolongan US di Walanda...
>> Wassalam-kasadayana, wilujeng sasih saum
>> Nu keur kuli di nagri batur
>>
>>
>>
>>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke