Masih lumayan nya Trofimov teh teu nuduh ka nu nuduh teroris (ka nu
lian) salaku teroris. Heuheu, bingung pan. Nya kitu da sakapeung anu
basajan pikabingungeun, anu matak bingung sabenerna kacida basajanna.
Jadi, nya teu jadi nanaon, kajaba kitu wae salila aya keneh order
eh...aya keneh pakarang...eh aya keneh nu perlu ku teroris nya baris
terus hirup teroris teh.

Teroris merlukeun teroris, anu merangan teroris ge perlu teroris, anu
teu perlu teroris dipaksa ku kaayaan jadi mikiran teroris oge. Lah,
bulak-balik siga nu bingung nya? Cag ah. Mangga teraskeun bah maos
bukuna, ke abdi paparin dongengna.

manAR

On Fri, Sep 12, 2008 at 10:31 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Buku " Kudeta Mekkah", ditulis make gaya laporan, tapi aya kajadian nu
> ditulis siga fiksi, sabab Trofimov nu koresponden luar negeri "The Wall
> Street Journal" ngalukiskeun kajadian di Mekkah 1979 detail pisan, padahal
> manehna teu mungkin kungsi kadinya, da lain Muslim.
>
> Cenah, umumna sajarahwan atawa pengamat politik Timur Tengah, nganggap
> kajadian serbuan ka Masjidil Haram ukur insiden lokal, euweuh patalina jeung
> terrorismeu global nu ayeuna nerekab. Tapi Trofimov sabalikna, manehna boga
> kacindekan yen terrorismeu ayeuna teh akarna nya tina kajadian ieu. Ceuk
> Trofimov waktu harita (1979) tepi ka sababarha dekade kahareup nu dicuriga
> ku urang Barat teh Iran Syiah /Khomaeni) ari Wahabbi mah teu dianggap bakal
> nyieun masalah keur maranehna, malah ku Amerika dianggap "sobat".
> Kanyataanana anggapan ieu salah, sabab Osama bin Laden teh saurang Wahabby
> anu taat .....
>
> Tapi kuring macana acan tamat ...hehehe, kakara satengahna ...ke isuk
> diteruskeun bari ngabuburit ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> ----- Original Message -----
> From: Ema Sujalma
> obyektif mah sae atuh...teu memihak...
> sakedik-kedikkeun aya oge referensi buku basajan
> judulna Syekh Guevara Bin Laden
> kirang langkungna...pembenaran tina anu dipedar ku Abah Willy
>
> baktos,
>
> 

Kirim email ke