> From: netta fahad > Abdi ge teu terang, buku Kudeta Mekkah teh didamel jang naon???
Wah Kang Netta, lamun naros siga kitu mah, rada riweuh, sabab sami we siga naros jang naon urang Jepang nanlungtik Sunda tepi ka mucunghul desertasina "Sumanget Baru"? Jang naon musium di London ngampihan naskah2 bujangga Manik? Jang naon di UI atawa di Universitas sejenna di Indonesia aya jurusan studi AMerika, studi Timur Tengah ....jrrd? Mangga emutan jang naon tah bet diajar atawa nalungtik bangsa batur? > Abdi ge teu terang, apakah urang kedah pro- ka Osama bin Laden, atanapi > kontra??? Nu jelas, karasa gara-gara Osama ieu, lamun indit-inditan naek kapal udara, komo ka luar negeri mah jadi rariweuh, mawa gunting kuku atawa cutter kertas ka cabin bisa jadi masalah ..... > Ari nabrakkeun kapal ka hiji gedong terus dugi ka maotkeun ratusan jalmi > teu bersalah, eta dibenerkeun?????, Naha mun > enya rek ngancurkeun Amerika, Teu di bom wae "White House" nu aya di > Washington DC. Pan mun Presidena maot mah, > Amerika ge kelabakan. Kang Netta nu ditabrak ku kapal udara 11/9 teh sanes WTC oge, tapi oge gedung Pentagon di Washinton DC. Hiji kapal deui, cenah dimaksudkeun keur nubruk white house, ragrag teu tepi katujuan, sabab panumpangna barontak. Mangga pilarian arsip warta-warta ieu dina google. Baktos, WALUYA

