punten yeuh kang waluya mayunan jadi hayang mairan Cindekna mah eta buku nyaritakeun..
dina jaman perang ngalawan kaisar ottoman pangeran al saud ngahiji jeung ikhwan (murid-murid Abdul Wahhab) nepikeun kan bisa ngarebut mekkah madinah jeung riyadh, tapi di akhir perang dunia 2 ikhwan ditumpes ku Inggris atas pamenta Bani Saud (king abdul Aziz) tah eta anu nyieun turunan ihwan nyeri hate lantaran asa nu asih dipulang sengit Tuluy jaman akhir 70-an banjir petro dollar ka arab saudi, mimiti loba pangaruh amerika anu asup ka arab i(tv, miras, roko. dll) ieu nyieun ulama2 wahabbi bergerak ngajar paham pemurnian islam dina week end , akhirna menangkeun murid anu fanatik , salah sahijina juhaiman al Utaibi. Juhaiman al Utaibi nyieun gerakan bawah tanah rek nurunkeun raja lantaran geus jauh ti Islam, ngan kaburu kacium ku Intelejen tuluy ditewak. waktu ditanyakaeun fatwa ti ulama arab salah sahijina syeh bin Baz, dititah dilepaskeun alesanan eta mah ukur over antusias teu bahaya akhirna tuluy weh Juhaiman al Utaibi memberontak meh kuat manehna ngayakinkeun yeun babaturanna Muhammad Bin Abdullah al Qathaini teh Imam mahdi, mun teu kitu teu bakal loba anu ngadukung Juhaiman saparakanca menduduki masjidil haram 20 nov 1979 nepikeun ka 4 des 1979, samemeh pemerintah arab saudi nyerang ka mesjid menta fatwa lantaran teu meunang maehan jelema di mesjid. Ulama arab saudi bisa mere fatwa saenggeus aya nego yen modernisasi ala amerika dihambat jeung paham wahabi sakali deui ditanjeurkeun ku nagara. Akhirna fatwa kaluar juhaiman saparakanca di anggap kafir jadi weh meunang ditelasn di mesjid. Operasi ku tentara arab teu hasil akhirna ngondang 3 penasihat militer ti perancisu, anu mere saran taktik tempur anu akhirna masjidil haram bisa direbut deui, Juhaiman di hukum pancung, ari imam mahdi na katembak. Ti saprak harita paham wahabi meunang pendanaan luar biasa, supaya nanjeur . Ari osama teh salah sahiji pemuda anu milu pendidikan agama unggal week end anu kuciwa ku cara pemerintah arab nuntaskeun masalah Juhaiman . Pemuda-anu model osama teh loba ,supaya bisa nyalurkeun semangat jihad na akhirna pemerintah arab saudi ngabiayaan pemuda nau rek jihad ha afganistan (harita afganistan dikuasaan ku Uni sovyet ) akhirna tuluy tepikeun ka ayeuna , nu urang pada nyaho kabeh dongeng na osama teh. tah ti harita mun salafy atawa wahabi ditanya soal sikep ka pamarentah pasti jawabanna kudu taat lantaran trauma kajadian ieu On Sat, Sep 13, 2008 at 8:50 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>wrote: > Eta geura sok ngabingungkeun batur... > maenya osama bin laden nyaeta wahabi taat, pami enya taat mah pasti moal > mamanggul bedil, moal ngeboman, moal nyieun kaributan... > Ari wahabi teh nyaeta salafy tea, toong geura di websitenya > www.salafy.or.id fatwa2 na : tentang teroris dikaji, didinya jelas > yen teroris teh memang: Alqaeda jeung jaringan na. maranehna nu ngaruksak > citra islam ti jero. > Bade ningal perbandingan sajarah ti karangan urang kafir. sah-sah wae > tapi percaya henteuna mana nu bener kudu dipikir deui. Tingal ti > kacamata kedua belah pihak, teu kenging langsung percaya kitu wae. Seolah2 > nyebatkeun yen eta buku nu pang benerna.... > Inget yen urang kafir ti baheula boga 1001 cara keur ngaruksak citra Islam. > Termasuk perang media... > Kuring kungsi ngadangu ti Ua kuring jenatna, tapi hilap deui da > ngadongengna waktu kuring leutik keneh, yen basa naek haji kacow aya > serangan ti gerombolan. ibur2 nu ngacow teh kaum syiah ti Iran. Nepi ka taun > kamari-kamari hubungan iran - arab teu harmonis, kakara taun kamari mun teu > salah mah ahmadinezad ngalakukeun haji di mekkah. Hartina hubungan geus > bener. > > > baktos > Abu Hana > > --- On *Fri, 9/12/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Buku: KUDETA MEKKAH, Sejarah Yang Tak > Terkuak > To: [EMAIL PROTECTED] > Cc: [email protected], "Baraya Sunda" < > [EMAIL PROTECTED]> > Date: Friday, September 12, 2008, 11:31 AM > > Trofimov waktu harita (1979) tepi ka sababarha dekade kahareup nu > dicuriga > ku urang Barat teh Iran Syiah /Khomaeni) ari Wahabbi mah teu dianggap bakal > > nyieun masalah keur maranehna, malah ku Amerika dianggap "sobat". > Kanyataanana anggapan ieu salah, sabab Osama bin Laden teh saurang Wahabby > anu taat ..... > > > > baktos, > > > >

