Ngiringan ngawaler ah, kaleresan tukang ngurus sato yeuh. hehehe...
anu dimaksad akang ical galeuh sapi bibit teh nu kumaha? sapi bakalan kanggo
penggemukan? ato sapi bibit unggul kanggo breeding???

abdi nyandak asumsi akang peryogina sapi bibit kanggo penggemukan weh nya.
emang kang, pami hoyong mirah mah, akang kedah ka  Jawa, eta pami hoyong
sapi lokal.
tapi pami hoyong sapi bakalan (kanggo penggemukan disebutna bakalan) anu
strain luar mah tiasa nyobian meser bakalan di feedloter- feedloter. atanapi
pami meser bakalan FH (sapi susu) jantan, tiasa milarian di daerah penghasil
susu, sapertos pangalengan.
tah, saleresna mah pami sapi jenis luar langkung cepet gemukna, mung
kandungan lemakna langkung tinggi, janten karkasna teh kirang sae.
saena pami usaha sapi bakalan mah, ngincerna kanggo lebaran haji wae, tapina
miarana jangka panjang, ulah jangka pendek.
cik lah, urang cobian kokotretan nya, conto usaha dina sapi potong kanggo
lebaran haji:

misalkeun:
meser sapi bakalan berat 200 kg.
misalkeun pertambahan berat badan perhari (minimal) 0,8 Kg perhari (ieu teh
asumsi minimal, saleresna tiasa langkung, dengan syarta diparaban)
taahh... ayeuna misalkeun dipiara sekitar 10 bulan weh, brarti 300 hari x
0,8 kg = 240 kg.
jadi pemeliharaan selama sepuluh bulan teh tiasa aya margin sebesar 240 kg.
kantun dietang weh harga per kilo berat hidupna, engke kapendak margin dalam
bentuk rupiahna.
janten berat si sapi teh ayeuna tiasa dugi ka 440 kg.
sapi saageung kieu tos kalebet super, hargana oge pas lebaran haji mah
ningkat pisan.
pami tiasa miara nyalira sae, tapi pami sistem parohan oge tiasa, mung kedah
anu tos tiasa di[ercaya kanggo nu diparona.
kanggo pertimbangan, abdi kantos ngetang2 sareng rerencangan, pami urang
gaduh modal sekitar 400 jt, urang tiasa gaduh net income dugi ka 150 jt. eta
teh pami sistem paroan, tah tangtos pami miara nyalira (syaratna kedah gaduh
lahan sareng tenaga kerja) akang tiasa kangingkeun langkung ti sakitu.

Kang, omat, kanggo new players dina usaha daging sapi mah ulah dugi ka maen
di sapi potong kanggo jagal sehari2.
kunaon kitu?
persaingan usahana ketat pisan, margin kecil, oge permafiaanna seueur pisan.
kecuali akang nguasai ti hulu dugi ka hilir, misalkeun gaduh peternakan
nyalira dugi ka gaduh toko daging nyalira.
janten, pami bade nyobian usaha dina daging sapi bakalan mah, saena terjun
heula dina usaha penyediaan hewan kurban.

cag ah, sakitu heula.
pami aya patarosan mah mangga, kanggo ayeuna mah sakitu heula soalna abdina
cape keneh, nembe pisan uih umroh.

Wassalam
-Bohay-


2008/9/18 Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>

>   Punten ka US terutami nu biasa jeung aya dilingkungan peternakan.
> Ka amanatan ku lanceuk ti lembur, di Bantarujeg (Majalengka) kuring
> nyungkeun pituduh /bongbolongan.
>
> Ki lanceuk geus pondok lengkah hayang usaha naon wae ngan gatot wae, alias
> gagal total, ayeuna anjeuna aya paniatan bade usaha dina jual beuli sapi
> bibit, terutami bibit sapi unggul sapertos : brahmana, metal, dolos, kroya,
> jeung rea-rea deui.
>
> Nanging ayeuna hoyong meser heula ti tempatna nu murah, salajengna di ical
> di lembur ki lanceuk.
> Bilih aya US nu ahli jeung terang tempatna nu caket, punten di japri.
> Tangtosna moal diburuhan ayeuna.
> Engke wae di akherat.
>
> Wassalam
> Dadi tea
>
>
>  
>

Kirim email ke