Tah geuning aya manuk sapi (maksud teh manukna dina bagbagan ngingu sapi).
Muhun, Kang... Tong kagok, sakantenan bae ngawangun siga nu di Banten mun
teu salah mah, nu aya pajagalan moderen. Mun rek ngingu cara tradisional,
atawa rek nyobaan bisnis sapi leuleutikan atawa rada meueusan, kuring boga
kawawuhan di Cibatu, babaturan punbojo. Tuh Kang Panzi mah geus pernah
ngalongok sapina, heuheuheu... Mun minat, mangga ngajapri bae, susuganan
manehna usaha keneh dina persapian (biasana mah penggemukan atawa
ngaborongan ti Jawa nyanghareupan lebaran haji). Ke ku abdi diteang heula
nomer leleponna...

On Thu, Sep 18, 2008 at 11:46 PM, Reka Bohay wrote:

>   Ngiringan ngawaler ah, kaleresan tukang ngurus sato yeuh. hehehe...
> anu dimaksad akang ical galeuh sapi bibit teh nu kumaha? sapi bakalan
> kanggo penggemukan? ato sapi bibit unggul kanggo breeding???
>
> abdi nyandak asumsi akang peryogina sapi bibit kanggo penggemukan weh nya.
> emang kang, pami hoyong mirah mah, akang kedah ka  Jawa, eta pami hoyong
> sapi lokal.
> tapi pami hoyong sapi bakalan (kanggo penggemukan disebutna bakalan) anu
> strain luar mah tiasa nyobian meser bakalan di feedloter- feedloter. atanapi
> pami meser bakalan FH (sapi susu) jantan, tiasa milarian di daerah penghasil
> susu, sapertos pangalengan.
> tah, saleresna mah pami sapi jenis luar langkung cepet gemukna, mung
> kandungan lemakna langkung tinggi, janten karkasna teh kirang sae.
> saena pami usaha sapi bakalan mah, ngincerna kanggo lebaran haji wae,
> tapina miarana jangka panjang, ulah jangka pendek.
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke