Kaleresan di tempat kilanceuk aya mantri nu sok nga IB, 
Ngan ieu teh rada hese neangan bibitna (indukna), sabab lamun indukna leutik, 
trus di IB Limousine, rada beurat keur ngajuruna. bisa2 kaluar honda atawa 
yamaha tah....heheh
Aya sababaraha rencana saleresna mah, janten nu mana we nu paling enggal jeung 
gampil.
Tah Pami kang bohay bade ngenalkeun rerencangan na mangga wae di antos.
Margi keur para pemula mah, mun langsung ancrub ka kancah para per bandaran, 
bisa2 kapencet. katipu...Asa langkung sae ti rerencangan....
Kitu wae heula 
hatur nuhun info na

--- On Mon, 9/22/08, Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] SAPI BIBIT..????
To: [email protected]
Date: Monday, September 22, 2008, 12:56 AM







Kang, pami kanggo breeding mah, kieu weh. raka akang pmeser weh betina na, tah 
teras kanggo jantanna meser semen (sperma) beku ti Balai Inseminasi Buatan 
(BIB) Lembang.
didinya sapi bener2 anu unggulan kanggo bibit, ngan diala semenna. bareto wae 
saencan krismon, sapi didinya te dibeuli saharga diatas 50 juta perak.
sapi kanggo breeding teu tiasa asal, maksadna teu tiasa asal bapana badag, 
bapana kasep. tapi kudu jelas keturunanna, bilih ternyata anjeunna nyandak 
panyakit turunan jeung sajabana anu ternyata manehna mah carrier. tah amun sapi 
anu di BIB mah jelas. BIB teh aya dua, aya anu di lembang jeung di baturaden. 
tah, kedahna mah penyaluran semen2 beku sapi bibit unggul jiga kieu teh 
disalurkeun ka sentra2 peternakan lewat dinas pertanian, terus liwat PPL 
(petugas penyuluh lapangan) atawa mantri hewan didaerah eta.
tah, pami di daerah rakana akang sentra peternakan sapi teu? cobian weh 
taroskeun ka dinas pertanian/ peternakan setempat.
perkawis sapi potong buntutna mah seueur kang, utamina dina sapi bakalan impor, 
tah mun ngahudangkeun sapi anu diuk terus dicepret teu daek wae hudang, karak 
weh dicandak buntutna terus dipiteskeun saeutik2. hehehe... emang rada sadis di 
peternakan sapi potong mah, kecuali di peternakan sapi perah, didinya mah 
ngurusna penuh kasih sayang, soalna mun teu kitu moal kaluar susuna. hehehehe...
Kang, abdi mah sanes bandar sapi, janten teu gaduh barang.
tapi pami akang peryogi sapi, Insya Alloh tiasa dikenalkeun ka rerencangan 
abdi, eta oge sapi kanggo bakalan penggemukan, sanes kanggo breeding.

cag ah... panjang teuing. 

-Bohay-



2008/9/20 Dadi Kurniadi <dadikurniadi@ yahoo.com>











Tah geuning aya Bandar sapi,
Kang Bohay, rencana na teh ki lanceuk rek milarian bibit kanggo breeding,
Ngan maklum kakara pemula, janten kitu tea lah pasti loba tatanya.
Leres pisan dina widang sapi teh seueur pisan mafia. loba bandar nu culas.
Contona wae kajadian, basa aya dulur meuli sapi ti pasar hewan, waktu di beuli, 
sapi teh bangun ku aktif, teu cicing, awak belentuk. siga lintuh.
Ari sugan teh enya wae alus, ari datang ka imah kakara sapoe geus ngagolepak 
rek paeh, ari ceuk dokter hewan teh cenah memeh dijual diinuman heula sing 
loba, teori na mun diinuman pasti sapi moal bisa hudang, ari singhoreng 
buntutna di piteskeun jadi mun depa pasti tambah nyeri jadi we sapi teu daekeun 
diuk, teu cicing sabab nahan kanyeri.
Jeung loba2 deui kajadian na.
Tah kumaha atuh mun kang bohay jadi bandar di bandung? nu nyaply na ki lanceuk 
ti lembur? Hade tah joint heheh.
Keun wae da nomor HP kang bohay tos aya dikuring..
cag,
kitu heula ah...
wassalam

--- On Thu, 9/18/08, Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED] com>

Subject: Re: [Urang Sunda] SAPI BIBIT..????
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Thursday, September 18, 2008, 12:46 PM








Ngiringan ngawaler ah, kaleresan tukang ngurus sato yeuh. hehehe...
anu dimaksad akang ical galeuh sapi bibit teh nu kumaha? sapi bakalan kanggo 
penggemukan? ato sapi bibit unggul kanggo breeding???

abdi nyandak asumsi akang peryogina sapi bibit kanggo penggemukan weh nya.
emang kang, pami hoyong mirah mah, akang kedah ka  Jawa, eta pami hoyong sapi 
lokal.
tapi pami hoyong sapi bakalan (kanggo penggemukan disebutna bakalan) anu strain 
luar mah tiasa nyobian meser bakalan di feedloter- feedloter. atanapi pami 
meser bakalan FH (sapi susu) jantan, tiasa milarian di daerah penghasil susu, 
sapertos pangalengan.
tah, saleresna mah pami sapi jenis luar langkung cepet gemukna, mung kandungan 
lemakna langkung tinggi, janten karkasna teh kirang sae. 
saena pami usaha sapi bakalan mah, ngincerna kanggo lebaran haji wae, tapina 
miarana jangka panjang, ulah jangka pendek.
cik lah, urang cobian kokotretan nya, conto usaha dina sapi potong kanggo 
lebaran haji:

misalkeun:
meser sapi bakalan berat 200 kg.
misalkeun pertambahan berat badan perhari (minimal) 0,8 Kg perhari (ieu teh 
asumsi minimal, saleresna tiasa langkung, dengan syarta diparaban)
taahh... ayeuna misalkeun dipiara sekitar 10 bulan weh, brarti 300 hari x 0,8 
kg = 240 kg.
jadi pemeliharaan selama sepuluh bulan teh tiasa aya margin sebesar 240 kg. 
kantun dietang weh harga per kilo berat hidupna, engke kapendak margin dalam 
bentuk rupiahna.
janten berat si sapi teh ayeuna tiasa dugi ka 440 kg.
sapi saageung kieu tos kalebet super, hargana oge pas lebaran haji mah ningkat 
pisan.
pami tiasa miara nyalira sae, tapi pami sistem parohan oge tiasa, mung kedah 
anu tos tiasa di[ercaya kanggo nu diparona.
kanggo pertimbangan, abdi kantos ngetang2 sareng rerencangan, pami urang gaduh 
modal sekitar 400 jt, urang tiasa gaduh net income dugi ka 150 jt. eta teh pami 
sistem paroan, tah tangtos pami miara nyalira (syaratna kedah gaduh lahan 
sareng tenaga kerja) akang tiasa kangingkeun langkung ti sakitu.

Kang, omat, kanggo new players dina usaha daging sapi mah ulah dugi ka maen di 
sapi potong kanggo jagal sehari2.
kunaon kitu?
persaingan usahana ketat pisan, margin kecil, oge permafiaanna seueur pisan.
kecuali akang nguasai ti hulu dugi ka hilir, misalkeun gaduh peternakan nyalira 
dugi ka gaduh toko daging nyalira.
janten, pami bade nyobian usaha dina daging sapi bakalan mah, saena terjun 
heula dina usaha penyediaan hewan kurban.

cag ah, sakitu heula.
pami aya patarosan mah mangga, kanggo ayeuna mah sakitu heula soalna abdina 
cape keneh, nembe pisan uih umroh.

Wassalam
-Bohay-



2008/9/18 Dadi Kurniadi <dadikurniadi@ yahoo.com>











Punten ka US terutami nu biasa jeung aya dilingkungan peternakan.
Ka amanatan ku lanceuk ti lembur, di Bantarujeg (Majalengka) kuring nyungkeun 
pituduh /bongbolongan.
 
Ki lanceuk geus pondok lengkah hayang usaha naon wae ngan gatot wae, alias 
gagal total, ayeuna anjeuna aya paniatan bade usaha dina jual beuli sapi bibit, 
terutami bibit sapi unggul sapertos : brahmana, metal, dolos, kroya, jeung 
rea-rea deui.
 
Nanging ayeuna hoyong meser heula ti tempatna nu murah, salajengna di ical di 
lembur ki lanceuk.
Bilih aya US nu ahli jeung terang tempatna nu caket, punten di japri.
Tangtosna moal diburuhan ayeuna.
Engke wae di akherat.
 
Wassalam
Dadi tea
 



 














      

Kirim email ke