Kang, pami kanggo breeding mah, kieu weh. raka akang pmeser weh betina na,
tah teras kanggo jantanna meser semen (sperma) beku ti Balai Inseminasi
Buatan (BIB) Lembang.
didinya sapi bener2 anu unggulan kanggo bibit, ngan diala semenna. bareto
wae saencan krismon, sapi didinya te dibeuli saharga diatas 50 juta perak.
sapi kanggo breeding teu tiasa asal, maksadna teu tiasa asal bapana badag,
bapana kasep. tapi kudu jelas keturunanna, bilih ternyata anjeunna nyandak
panyakit turunan jeung sajabana anu ternyata manehna mah carrier. tah amun
sapi anu di BIB mah jelas. BIB teh aya dua, aya anu di lembang jeung di
baturaden.
tah, kedahna mah penyaluran semen2 beku sapi bibit unggul jiga kieu teh
disalurkeun ka sentra2 peternakan lewat dinas pertanian, terus liwat PPL
(petugas penyuluh lapangan) atawa mantri hewan didaerah eta.
tah, pami di daerah rakana akang sentra peternakan sapi teu? cobian weh
taroskeun ka dinas pertanian/ peternakan setempat.
perkawis sapi potong buntutna mah seueur kang, utamina dina sapi bakalan
impor, tah mun ngahudangkeun sapi anu diuk terus dicepret teu daek wae
hudang, karak weh dicandak buntutna terus dipiteskeun saeutik2. hehehe...
emang rada sadis di peternakan sapi potong mah, kecuali di peternakan sapi
perah, didinya mah ngurusna penuh kasih sayang, soalna mun teu kitu moal
kaluar susuna. hehehehe...
Kang, abdi mah sanes bandar sapi, janten teu gaduh barang.
tapi pami akang peryogi sapi, Insya Alloh tiasa dikenalkeun ka rerencangan
abdi, eta oge sapi kanggo bakalan penggemukan, sanes kanggo breeding.

cag ah... panjang teuing.

-Bohay-


2008/9/20 Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>

>   Tah geuning aya Bandar sapi,
> Kang Bohay, rencana na teh ki lanceuk rek milarian bibit kanggo breeding,
> Ngan maklum kakara pemula, janten kitu tea lah pasti loba tatanya.
> Leres pisan dina widang sapi teh seueur pisan mafia. loba bandar nu culas.
> Contona wae kajadian, basa aya dulur meuli sapi ti pasar hewan, waktu di
> beuli, sapi teh bangun ku aktif, teu cicing, awak belentuk. siga lintuh.
> Ari sugan teh enya wae alus, ari datang ka imah kakara sapoe geus
> ngagolepak rek paeh, ari ceuk dokter hewan teh cenah memeh dijual diinuman
> heula sing loba, teori na mun diinuman pasti sapi moal bisa hudang, ari
> singhoreng buntutna di piteskeun jadi mun depa pasti tambah nyeri jadi we
> sapi teu daekeun diuk, teu cicing sabab nahan kanyeri.
> Jeung loba2 deui kajadian na.
> Tah kumaha atuh mun kang bohay jadi bandar di bandung? nu nyaply na ki
> lanceuk ti lembur? Hade tah joint heheh.
> Keun wae da nomor HP kang bohay tos aya dikuring..
> cag,
> kitu heula ah...
> wassalam
>
> --- On *Thu, 9/18/08, Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Reka "Bohay" <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] SAPI BIBIT..????
> To: [email protected]
> Date: Thursday, September 18, 2008, 12:46 PM
>
>
>   Ngiringan ngawaler ah, kaleresan tukang ngurus sato yeuh. hehehe...
> anu dimaksad akang ical galeuh sapi bibit teh nu kumaha? sapi bakalan
> kanggo penggemukan? ato sapi bibit unggul kanggo breeding???
>
> abdi nyandak asumsi akang peryogina sapi bibit kanggo penggemukan weh nya.
> emang kang, pami hoyong mirah mah, akang kedah ka  Jawa, eta pami hoyong
> sapi lokal.
> tapi pami hoyong sapi bakalan (kanggo penggemukan disebutna bakalan) anu
> strain luar mah tiasa nyobian meser bakalan di feedloter- feedloter. atanapi
> pami meser bakalan FH (sapi susu) jantan, tiasa milarian di daerah penghasil
> susu, sapertos pangalengan.
> tah, saleresna mah pami sapi jenis luar langkung cepet gemukna, mung
> kandungan lemakna langkung tinggi, janten karkasna teh kirang sae.
> saena pami usaha sapi bakalan mah, ngincerna kanggo lebaran haji wae,
> tapina miarana jangka panjang, ulah jangka pendek.
> cik lah, urang cobian kokotretan nya, conto usaha dina sapi potong kanggo
> lebaran haji:
>
> misalkeun:
> meser sapi bakalan berat 200 kg.
> misalkeun pertambahan berat badan perhari (minimal) 0,8 Kg perhari (ieu teh
> asumsi minimal, saleresna tiasa langkung, dengan syarta diparaban)
> taahh... ayeuna misalkeun dipiara sekitar 10 bulan weh, brarti 300 hari x
> 0,8 kg = 240 kg.
> jadi pemeliharaan selama sepuluh bulan teh tiasa aya margin sebesar 240 kg.
> kantun dietang weh harga per kilo berat hidupna, engke kapendak margin dalam
> bentuk rupiahna.
> janten berat si sapi teh ayeuna tiasa dugi ka 440 kg.
> sapi saageung kieu tos kalebet super, hargana oge pas lebaran haji mah
> ningkat pisan.
> pami tiasa miara nyalira sae, tapi pami sistem parohan oge tiasa, mung
> kedah anu tos tiasa di[ercaya kanggo nu diparona.
> kanggo pertimbangan, abdi kantos ngetang2 sareng rerencangan, pami urang
> gaduh modal sekitar 400 jt, urang tiasa gaduh net income dugi ka 150 jt. eta
> teh pami sistem paroan, tah tangtos pami miara nyalira (syaratna kedah gaduh
> lahan sareng tenaga kerja) akang tiasa kangingkeun langkung ti sakitu.
>
> Kang, omat, kanggo new players dina usaha daging sapi mah ulah dugi ka maen
> di sapi potong kanggo jagal sehari2.
> kunaon kitu?
> persaingan usahana ketat pisan, margin kecil, oge permafiaanna seueur
> pisan.
> kecuali akang nguasai ti hulu dugi ka hilir, misalkeun gaduh peternakan
> nyalira dugi ka gaduh toko daging nyalira.
> janten, pami bade nyobian usaha dina daging sapi bakalan mah, saena terjun
> heula dina usaha penyediaan hewan kurban.
>
> cag ah, sakitu heula.
> pami aya patarosan mah mangga, kanggo ayeuna mah sakitu heula soalna abdina
> cape keneh, nembe pisan uih umroh.
>
> Wassalam
> -Bohay-
>
>
> 2008/9/18 Dadi Kurniadi <dadikurniadi@ yahoo.com <[EMAIL PROTECTED]>>
>
>>      Punten ka US terutami nu biasa jeung aya dilingkungan peternakan.
>> Ka amanatan ku lanceuk ti lembur, di Bantarujeg (Majalengka) kuring
>> nyungkeun pituduh /bongbolongan.
>>
>> Ki lanceuk geus pondok lengkah hayang usaha naon wae ngan gatot wae, alias
>> gagal total, ayeuna anjeuna aya paniatan bade usaha dina jual beuli sapi
>> bibit, terutami bibit sapi unggul sapertos : brahmana, metal, dolos, kroya,
>> jeung rea-rea deui.
>>
>> Nanging ayeuna hoyong meser heula ti tempatna nu murah, salajengna di ical
>> di lembur ki lanceuk.
>> Bilih aya US nu ahli jeung terang tempatna nu caket, punten di japri.
>> Tangtosna moal diburuhan ayeuna.
>> Engke wae di akherat.
>>
>> Wassalam
>> Dadi tea
>>
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke