Bah Abas, jigana wae kecap "menjabarkan" tina basa Indonesia, tiasa dipilarian basa Sundana, diantara: merelekeun, ngabejerbeaskeun.
salam, mh On Thu, Sep 18, 2008 at 10:54 PM, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya hiji ayat nu unina kieu : > Walakod aatainaa luqmaanul hikmata anisykurlillah, faman yasykur > fainnamaa yasykuru linafsih. Wan man Kafara fainnaLLaaha goniyyun > hamiid > Hartosna sacara leterlijk mah : Tuh tempo ku arandika Lukman anu > sok Syukuran ka Gusti Allah ; ari jalma syukuran teh sarua jeung narima > dirina. Ari nu ingkar tina nikmat Allah, teu naon2 da Allah mah Maha > Beunghar . > > Kumaha cenah ngajabarkeunana ? > Manusa nu dipikaresep ke Gusti Allah salah sahijina syukuran , narimakeun; > naon cenah narimakeun teh ? Nya eta naon wae kayaan na diri urang kudu > ditarima, urang kudu ngarasa reueus ku kayaan urang ayeuna, kumaha we > alesanana; cek paribasana deog pengkor oge eta papasten ti Anjeunna. > > Narimakeun samudaya nu karandapan ayeuna bari teu kukulutus ; nya eta kudu > ihlas hate tea ; tah eta syukuran teh; bari dibarengan ku tawekal. >

