> From: ua duq > baheula... kapitalisme amerika serikat diadu-adu jeung > komunisme-leninisme uni soviet. uni soviet runtag, aya ahli nu > ngadu-ngadukeun kapitalisme as jeung islamisme (nu asalna) ti arab!
Bener Kang Dud, ngan sigana nu aranna manusa tetep resep kana KONFLIK, meureun warisan tina proses evolusi manusa. Tepi ka ayeuna manusa tetep resep ngalakukeun atawa ngalalajoanan anu gelut silih teunggeul sanajan dipeungpeukan ku istilah olah-raga (tinju, karate ...jrrd). Pilem perang kaasup pilem nu dipikaresep ..... Konflik diantara manusa, saluyu jeung teori evolusi, bisa ngahasilkeun anu "anyar" anu leuwis alus. Lamun dina teori evolusi sato mah ngahasilkeun sato nu leuwih "tahan banting", evolusi budaya manusa akibat konflik mah ngahasilkeun TEKNOLOGI. Loba barang teknologi nu ku urang ayeuna dipake, sabenerna tadina dimaksudkeun eukeur peperangan. Contona RADAR, GPS (Global positoning system) ....jeung ayeuna nu ku urang dipake INTERNET. Sajarah Internet asal muasalna tina kapentingan komunikasi militer AMerika keur ngalawan Uni Soviet, kitu deui GPS nu satelit2na tadina keur kapentingan militer. Lamun nempo kana sajarahna siga kieu, sakapeung kuring pesimis: Rada hese sigana teh neangan katengtreman di Dunya mah ......... Baktos, WALUYA

