Pelajaran naon anu bisa diangkat tina Kasus Batu Kuya?
Aya komentar anu ngupahan maneh, "keun wae lah, titinggal budaya karuhun, 
dicokotan ku batur, sahanteuna aya anu mulasara, tibatan di urang, teu 
dipirosea."

Urang Sunda teu bisa mulasara kakayaan alamna sorangan. Paingan ceuk Mang Ayip 
Rosidi dina buku "70 taun Hidup Tanpa Ijazah", Urang Sunda zaman kiwari geus 
poho kana purwadaksina, teu paduli kana kasenian, budaya jeung alamna.








Perkara Batu Kuya

 

 

Soal Batu kuya/kuda anu diributkeun tea, tim ti Fakultas
Ilmu Budaya (FIB) UI netelakeun siga dihandap ieu.

Pa Hasan Djafar salah sahiji ahli arekeologi ti UI, anggota
tim anu ditunjuk Menteri Kebudayaan dan Pariwisata  dina kasus batu kuya, 
tanggal 29 sareng 30
Sepptember 2008, tos ka lapangan, ka walungan dimana batu kuya tadina ngajogrog
sareng ka Cilincing, dimana batu kuya disimpen di kantor ekspedisi anu rek
ngirim batu kuya ka Korea. Batu kuya tes, estuning batu alami, panjang 6 meter,
lebar jeung luhur kira-kira tilu meter, beuratna 73 ton (versi Pak Boy, Dinas
Purbakala Kab. Bogor)
anu teu aya rekayasa ti manusa, dipahat atawa di potong atawa digambaran
sahingga bisa dianggap sabage artefak (batu alam anu direkayasa ku manusa 
sahingga
boga harti jeung fungsi pikeun kahirupan manusa). Jadi rupa batu anu jiga
kuya/kuda teh estuning lain jijieunan manusa. Dina catetan peninggalan
purbakala anu dijieun Walanda (tahun 1830 an?), eta batu kuya teh teu kacatet
sabage titinggalan purbakala. Jadi pikeun nangtukeun naha eta batu teh kaasup 
benda cagar budaya
(BCB) sakumaha anu kaunggel dina UU no.5/1992 tentang Benda Cagar Budaya, kudu
ditalungtik deui leuwih jero, sabab para ahli arkeologi teu bisa ngan ukur
ningali kaayaan pisik batu langsung bisa nangtukeun BCB.

 

Tapi eta batu teh ayana di wewengkon Kawasan Hutan Lindung
Haurbentes Taman Nasional Gunung Halimun-Salak, anu dilindungi ku
Undang-Undang, anu teu sagawayah mindahkeun atawa ngarogahala naon wae anu aya
di wewengkon eta. Sok sanajan lain batu artefak, atau batu kuya bisa dianggap
salaku batu ekofak, sabab aya di wewengkon situs-situs purbakala. Di beulah
kulon aya situs  megalitik Kosala jeung
Lebak Sibedug (kabupaten Lebak), di Beulah wetan aya situs Prasasti Jambu
(kacamatan Nanggung) jeung situs Megalitik Pasir Angin (Kacamatan
Cibungbulang), atuh di Kidul aya situs megalitik  Pangguyangan jeung Tugu Gede. 
Cindekna mah
Batu Kuya the lain ngan sakadar masalah arkeologi, tapi oge masalah ekologi
jeung perlindungan alam.

 

Ceuk Kang Agus Aris Munandar, salaku manager penelitian FIB
UI,  Dinas Purbakala Kabupaten Lebak,
ngajak ahli arkeologi FIB UI, dina tanggal 20 Oktober ieu, salila saminggu,
ngayakeun panalungtikan situs-situs purbakala di Lebak-Bogor. Malahan mah dana
anu diusulkeun teh pikeun ngayakeun ekskavasi (penggalian). Tapi FIB nyarankeun
ngayakeun pendataan heula, sabab data-data dina catetan anu dijieun ku walanda
heunteu taliti (contona situs di Sindang Barang Bogor).

 

Sok tah, sing saha anggota milis urangsunda nu rek ngiluan
jadi tim relawam daftar ka Pemda Kabupaten Lebak.

 

Baktos,

 

mrachmatrawyani

 





 
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke