prof uka tjandrasasmita pernah netelakeun batu kuya diduga aya kaitanna
jeung karajaan tarumanagara. pa agus arismunandar kamari nyebutkeun: hal eta
bisa jadi bener. cenah, tarumanagara ngarupakeun karajaan hindu nu migusti
ka dewa wisnu, salahsahiji tina 10 awatara (janggelekan) wisnu ngarupakeun
kuya (kurmavatara--cmiiw). salian ti eta, masarakat daerah sabudereun
walungan cisusuh nyebut batu eta teh batu kuda. sebutan eta teh datang
kulantaran di sawatara peuting sok kadenge kuda ngahiem ti lebah eta batu.
hal ieu oge bisa dikaitkeun jeung tarumanagara. purnawarman, salasahiji raja
tarumanagara, ngaranna bisa dihartikeun baju perang nu sampurna. baju perang
nu kitu teh ukur dipake jeung dipiboga ku dewa surya. hal ieu netelakeun yen
salian muja wisnu, tarumanagara oge muja surya. tah sato tutunggangan dewa
surya teh nyaeta: kuda! nu sejenna, di lingkungan walungan cisusuh oge
sumebar carita rakyat ngeunaan ieu batu....

tina sababaraha kamungkinan eta, bisa wae batu kuya nu memang ngan saukur
batu jieunan alam, oge ngarupakeun batu titinggal budaya manusa. pan loba
menhir-menhir nu geus diaku salaku benda cagar budaya ngan saukur batu alam
biasa. manusa ukur mindahkeun, nangtungkeun, jeung mere nilai...

sugan

On Mon, Oct 13, 2008 at 12:44 PM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   lamun lere eta BK hasil p4roses alam sanes hasil budaya manusa...na eta
> mah murni Mineral Batu (Andesit atanapi Granit ? nya). Ayana diwewengkon
> lindungan envi atanpi echo pan teu tiasa ngarobih status BK janeten BCB. Sok
> emut kana Inten Trisakti....ditimuan ku rakyat..tapi naha di klaim ku Nagara
> ?. Ayeuna teuing dimana ?
>
> On 10/13/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>    Pelajaran naon anu bisa diangkat tina Kasus Batu Kuya?
>>
>>
>>
>  
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke