lamun lere eta BK hasil p4roses alam sanes hasil budaya manusa...na eta mah murni Mineral Batu (Andesit atanapi Granit ? nya). Ayana diwewengkon lindungan envi atanpi echo pan teu tiasa ngarobih status BK janeten BCB. Sok emut kana Inten Trisakti....ditimuan ku rakyat..tapi naha di klaim ku Nagara ?. Ayeuna teuing dimana ?
On 10/13/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pelajaran naon anu bisa diangkat tina Kasus Batu Kuya? > Aya komentar anu ngupahan maneh, "keun wae lah, titinggal budaya karuhun, > dicokotan ku batur, sahanteuna aya anu mulasara, tibatan di urang, teu > dipirosea." > > Urang Sunda teu bisa mulasara kakayaan alamna sorangan. Paingan ceuk Mang > Ayip Rosidi dina buku "70 taun Hidup Tanpa Ijazah", Urang Sunda zaman kiwari > geus poho kana purwadaksina, teu paduli kana kasenian, budaya jeung alamna. > > > > > *Perkara Batu Kuya* > > > > * * > > Soal Batu kuya/kuda anu diributkeun tea, tim ti Fakultas Ilmu Budaya (FIB) > UI netelakeun siga dihandap ieu. > > Pa Hasan Djafar salah sahiji ahli arekeologi ti UI, anggota tim anu > ditunjuk Menteri Kebudayaan dan Pariwisata dina kasus batu kuya, tanggal > 29 sareng 30 Sepptember 2008, tos ka lapangan, ka walungan dimana batu kuya > tadina ngajogrog sareng ka Cilincing, dimana batu kuya disimpen di kantor > ekspedisi anu rek ngirim batu kuya ka Korea. Batu kuya tes, estuning batu > alami, panjang 6 meter, lebar jeung luhur kira-kira tilu meter, beuratna 73 > ton (versi Pak Boy, Dinas Purbakala Kab. Bogor) anu teu aya rekayasa ti > manusa, dipahat atawa di potong atawa digambaran sahingga bisa dianggap > sabage artefak (batu alam anu direkayasa ku manusa sahingga boga harti jeung > fungsi pikeun kahirupan manusa). Jadi rupa batu anu jiga kuya/kuda teh > estuning lain jijieunan manusa. Dina catetan peninggalan purbakala anu > dijieun Walanda (tahun 1830 an?), eta batu kuya teh teu kacatet sabage > titinggalan purbakala. Jadi pikeun nangtukeun naha eta batu teh kaasup benda > cagar budaya (BCB) sakumaha anu kaunggel dina UU no.5/1992 tentang Benda > Cagar Budaya, kudu ditalungtik deui leuwih jero, sabab para ahli arkeologi > teu bisa ngan ukur ningali kaayaan pisik batu langsung bisa nangtukeun BCB. > > > > Tapi eta batu teh ayana di wewengkon Kawasan Hutan Lindung Haurbentes Taman > Nasional Gunung Halimun-Salak, anu dilindungi ku Undang-Undang, anu teu > sagawayah mindahkeun atawa ngarogahala naon wae anu aya di wewengkon eta. > Sok sanajan lain batu artefak, atau batu kuya bisa dianggap salaku batu > ekofak, sabab aya di wewengkon situs-situs purbakala. Di beulah kulon aya > situs megalitik Kosala jeung Lebak Sibedug (kabupaten Lebak), di Beulah > wetan aya situs Prasasti Jambu (kacamatan Nanggung) jeung situs Megalitik > Pasir Angin (Kacamatan Cibungbulang), atuh di Kidul aya situs megalitik > Pangguyangan > jeung Tugu Gede. Cindekna mah Batu Kuya the lain ngan sakadar masalah > arkeologi, tapi oge masalah ekologi jeung perlindungan alam. > > > > Ceuk Kang Agus Aris Munandar, salaku manager penelitian FIB UI, Dinas > Purbakala Kabupaten Lebak, ngajak ahli arkeologi FIB UI, dina tanggal 20 > Oktober ieu, salila saminggu, ngayakeun panalungtikan situs-situs purbakala > di Lebak-Bogor. Malahan mah dana anu diusulkeun teh pikeun ngayakeun > ekskavasi (penggalian). Tapi FIB nyarankeun ngayakeun pendataan heula, sabab > data-data dina catetan anu dijieun ku walanda heunteu taliti (contona situs > di Sindang Barang Bogor). > > > > Sok tah, sing saha anggota milis urangsunda nu rek ngiluan jadi tim relawam > daftar ka Pemda Kabupaten Lebak. > > > > Baktos, > > > > mrachmatrawyani > > > > > > > > >

