ari kuring mah terus terang weh boga hape leuwih ti hiji teh justru
jang ngirit

alesana:
1. nomer nu heubeul geus nyebar ka mana mendi, riweuh pisan mun ganti
nomer teh. masalahna nomer nu eta teh pikasebeleun pisan dina tarifna,
mahal pisan (ceuk uing mah). tapi akses gprs-na lumayan murah, jadi
tetep weh dipake jang cek email atawa akses internet

2. nambahan ku nomer nu murmer, tah ieu mah khusus mun nalipung atawa
sms anu kabeneran leuwih murah, ari nomer heubeul mah khusus weh jang
narima telepon atawa sms ti luar, diusahakeun teu remen teuing dipakena

poin 1 jeung 2 dihijikeun mah, ningali pengeluaran bulanan jadi leuwih
irit, nyaa diitung2 mah bisa 30% dibandingkeun mun pake hiji nomer nu
kahiji, diitung2 ku dimodalan hape jore nu 300rb-an jang nambahan hiji
deui, ari diakumulasi satauneun mah geus katutup tah, sedengkeun make
2 hape teh geus aya 2 taun na mah, jadi tos balik modal, malahan
batina aya :D

teuing tah mun kieu masih mantes disebut sarakah nya? ari kuring mah
make elmu ekonomi weh :-).

tapi ari keukeuh disebut sarakah wae mah nyaa hatur nuhun weh, berarti
hape kuring hiji nganggur yeuh... aya nu peryogi hape? 
mangga milari di roxy :D


--- In [email protected], "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> uing ... boga tilu!!!
> hiji keur kabehan...
> hiji keur kikindeuwan...
> hiji deui mah keur iseng we..
> 
> ngan lamun dijumlah-jamleh harga kabeh hape uing ngan dua juta leuwih
> (200k+310k+1600k). lamun aya babaturan nu boga hape hiji, tapi haregana
> 2300k, kira-kira saha nu leuwih sarakah? kuring nu boga hape tilu, atawa
> babaturan uing nu boga hape harega 2,3 jt?
> 
> sarakah masalah kualitas lamun dikuantitaskeun kira-kira angkana
sabaraha?
> 
> 2008/10/13 Irpan Rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
> 
> >   Wow..... hebat.
> >
> > cing saha baraya Kusnet anu boga HP leuwih ti hiji?
> > sarakah siah !
> >
> > (cari masalah mode, on. he..he..he...)
> >
> > ._,___
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>


Kirim email ke