ceuk tukang gosip mah, KISS=KIsah Seputar Selebritis :D ari masalah sedekah mah sanes masalah nu kedah didiskusikeun hungkul, langkung sae dipraktekkeun.
ari pendapat pribadi kuring mah, leuwih alus sedekah teh samemeh dikurangi ku itu ku ieu, jadi langsung dipotong weh jang sedekah mun perlu teu kudu make batas handap nu 2.5% :-) da ari dipake jang meuli barang atawa ditabung mah dijamin moal nyesa komo inget jang sedekah mah, da sok poho atawa dipopohokeun ning (kuring ieu mah nu sok kitu teh nya :D) --- In [email protected], Irpan Rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > KISS = Keep It Simple Stupid !!! > > sederhana, sacukupna. > > jang naon ngabogaan saloba-loba, samahal-mahal. dua juta tilu juta. > padahal anu 300 rb-an oge geus mencukupi. > duit sesana kapanan bisa dipake meuli barang sejen anu mangpaat. > lamun kabeh kabutuhan geus katutupan, boga keneh sesa, nya ditabung. > lamun duit geus ditabung, nyesa keneh. > nya disedekah keun. > > ieu nu penting. Sedekah.... > Sedekah teh jadi solusi anu strategis dina mengatasi masalah pelik > sosial dan perekonomian yang saat ini tengah mengguncang dunia. > cieee... keren nya he..he..he.. > > sedekah keun kaleuwihan duit teh, ulah dipake meuli HP model anyar. > sedekah keun ka dulur urang. > mimiti ti dulur deukeut, adi, lanceuk, misan, jsb. ameh ulah kajadian, > kulawarga lanceukna jegud, ari kulawarga adina balangsak. pisakumahaeun > teuing peurihna hate kolot. ner teu? > terus dulur sa lembur, tatangga jsb. > terus dulur sa akidah, papada muslim. > terakhir dulur sa-spesies, papada homo sapiens he..he..he.. > > ulah keleuleuwihi euy. > secukupnyah sajah. > da moal modar lain teu boga HP dua oge? > >

