owh... sumuhun, hatur nuhun atuh ari kitu mah :-) mangga kang, didu'akeun ku sim kuring sing kagaleuh hape dugi ka 6 mah pan cita2 teh hoyong muka counter hape?
--- In [email protected], "Panzi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > aaahhhh... angger we sarakah... da batur mah aya nu teu kabeuli2 acan.. :P > siga uing atuh... HP teh keur mah hiji2na, butut deuih... > pedah can kabeuli we ketang, teuing mun bisa mah, sigana boga 6... :D > > > -nzi- > > > > > > ari kuring mah terus terang weh boga hape leuwih ti hiji teh justru > > jang ngirit > > > > alesana: > > 1. nomer nu heubeul geus nyebar ka mana mendi, riweuh pisan mun ganti > > nomer teh. masalahna nomer nu eta teh pikasebeleun pisan dina tarifna, > > mahal pisan (ceuk uing mah). tapi akses gprs-na lumayan murah, jadi > > tetep weh dipake jang cek email atawa akses internet > > > > 2. nambahan ku nomer nu murmer, tah ieu mah khusus mun nalipung atawa > > sms anu kabeneran leuwih murah, ari nomer heubeul mah khusus weh jang > > narima telepon atawa sms ti luar, diusahakeun teu remen teuing dipakena > > > > poin 1 jeung 2 dihijikeun mah, ningali pengeluaran bulanan jadi leuwih > > irit, nyaa diitung2 mah bisa 30% dibandingkeun mun pake hiji nomer nu > > kahiji, diitung2 ku dimodalan hape jore nu 300rb-an jang nambahan hiji > > deui, ari diakumulasi satauneun mah geus katutup tah, sedengkeun make > > 2 hape teh geus aya 2 taun na mah, jadi tos balik modal, malahan > > batina aya :D > > > > teuing tah mun kieu masih mantes disebut sarakah nya? ari kuring mah > > make elmu ekonomi weh :-). > > > > tapi ari keukeuh disebut sarakah wae mah nyaa hatur nuhun weh, berarti > > hape kuring hiji nganggur yeuh... aya nu peryogi hape? > > mangga milari di roxy :D > > > >

