kuring boga hape 4 ngan nu bisa dipake ukur 1 sesana nu 3 ruksak alias teu bisa dipake, geus tatanya ka tukang servis mun ngabeneran eta hape nu 3 siki di itung2 leuwih mahal tibatan meuli hape nu anyar, matak meuli deui we nu anyar.. tapi ari kartuna mah tepi ka ayeuna aya 4 beda2 operator..
kumaha tah ka asup sarakah teu...? --- In [email protected], "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > matakna kang tantan boga hape sabara wae ge bisa disebut sarakah lin? kuring > ge satuju, ukuran sarakah lain masalah jumlah, tapi masalah mangpaat. kuring > ngarasa boga hape tilu leuwih mangpaat. jiga cek kang dikdik boga hape > leuwih ti hiji lain masalah embung sidkah (rarasaan mah teu boga hubungan > langsung da, jeung mun kudu diocal-ocal mah kamari lebaran beak leuwih ti > 2000 jt keur sidkah mah-bae ah rek disebut hayang katangar ge) tapi ieu > masalah ngirit. hape kahiji memang diancokeun keur nomer kuring nu heubeul, > nomer nu geus sumebar ka majhab papat, heuheu, lebar lamun kudu dipiceun. > salian ti eta, hoream deuih ari kudu ngaganti stempel dina 400 buku kuring > mah (di dinya aya nomer hape kuring). > > hape kadua, karek meuli bulan kamari. diancokeun keur ngungudag si > eneng(hahaha...) nu kabeneran boga nomer beda operator jeung nomer nu > kahiji. basa mimiti kenal jeung manehna mah, nelpon teh make nomer kahiji, > ngan geuning pulsa beak ngan sakoteap-sakoteap. maklum pdkt, ngobrol ge > diyayay-yayay haha.... sanggeus operator disarua-saruakeun mah geuning pulsa > teh jauh leuwih irit!! > > hape katilu, cdma. meuli baheula mangsa harga cdma jauh leuwih murah > tinimbang gsm. kaduhung ayeuna mah meuli ieu hape teh, ngan rek dijual ge > jadina murah pisan. ayeuna hp ieu jarang dipake. cdma ambahanna leuwih > heureut (aya batesan wilayah tea), teu bisa dibabawa kamana-mana. paling > dipake mun nelpon ka telp imah.. > > haha..... bae ah kuring rek disebut sarakah ge, ketang! mun teu kitu atuh > moal kawin-kawin huahaha.... > > cinta oh cinta geuning anjeun teh sarakah :))

