Enya kadang wae eta anak jadi korban ambisi atawa nafsu kolotna...conto ngaran na ; Gempur Soeharto, Trias Proletariani, Samudra Laksmana, Kapitan Adisoemarta, Tavip Sulystio, Garuda Nusantara, jrrd
On 10/31/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngaran mangrupakeun ciri supaya hiji jalma bisa dikanyahokeun ku jalma > sejenna. Mere ngaran anak teh tanggung jawab kolotna, utamana bapa. > > Ngaran nu alus pada dasarna moal mere pangaruh alus ka jalmana. Justru gawe > akhlak eta jalma eta nungajadikeun alus jeung goreng ngaranna. > > Dina ayana pangaruh ngaran ka hiji jalma, paling oge akibat pangaruh nu > mikawawuhna. Saban hate ngarekam rebuan ngaran. Malahan saban hate bisa > ngarekam rebuan kali kana hiji ngaran. > > Saban hate nge-save hiji ngaran, atachmentna mangrupa akhlak nu boga ngaran > oge karekam. Sarebu kali hate nge-save hiji ngaran, atachment akhlak nu boga > ngaran oge karekam sarebu kali. > > Ana pon kitu, urang tetep kudu daria dina mere ngaran ka nu jadi anak. Aya > nu bernafsu mere ngaran panjang, aya nu bernafsu mere ngaran nyunda, aya oge > nu bernafsu mere ngaran kaarab-araban, kabarat-baratan, nepi ka > kakuno-kunoan. Tapi nu pentingna mah eta ngaran henteu goreng jeung > ngerakeun. Soal makna ngaranna mah, keun we eta budak sina mere makna kana > ngaranna ku kahirupannana. > > Saur Sayidina Ali R.A. mah, ngadidik anak teh lain keur jaman anjeun, tapi > kudu keur jaman eta anak engke. Saha nu nyaho, ngaran nu gaya jaman bapana > ayeuna, jaman anak engke mah justru tinggaleun jaman. > > Salam, > Sarabunis Mubarok - Singaparna > > >

