keur urang islam mah geus puguh pan... ngaran2 nu alis keur budak teh kudu nu ngandung doa' sanes aya pan kasebut nami2 nu sae kanggo murangkalih islam
On Mon, Nov 3, 2008 at 6:32 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enya kadang wae eta anak jadi korban ambisi atawa nafsu kolotna...conto > ngaran na ; Gempur Soeharto, Trias Proletariani, Samudra Laksmana, Kapitan > Adisoemarta, Tavip Sulystio, Garuda Nusantara, jrrd > > On 10/31/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> Ngaran mangrupakeun ciri supaya hiji jalma bisa dikanyahokeun ku >> jalma sejenna. Mere ngaran anak teh tanggung jawab kolotna, utamana bapa. >> >> Ngaran nu alus pada dasarna moal mere pangaruh alus ka jalmana. >> Justru gawe akhlak eta jalma eta nungajadikeun alus jeung goreng ngaranna. >> >> Dina ayana pangaruh ngaran ka hiji jalma, paling oge akibat pangaruh nu >> mikawawuhna. Saban hate ngarekam rebuan ngaran. Malahan saban hate bisa >> ngarekam rebuan kali kana hiji ngaran. >> >> Saban hate nge-save hiji ngaran, atachmentna mangrupa akhlak nu boga >> ngaran oge karekam. Sarebu kali hate nge-save hiji ngaran, atachment akhlak >> nu boga ngaran oge karekam sarebu kali. >> >> Ana pon kitu, urang tetep kudu daria dina mere ngaran ka nu jadi anak. Aya >> nu bernafsu mere ngaran panjang, aya nu bernafsu mere ngaran nyunda, aya oge >> nu bernafsu mere ngaran kaarab-araban, kabarat-baratan, nepi ka >> kakuno-kunoan. Tapi nu pentingna mah eta ngaran henteu goreng jeung >> ngerakeun. Soal makna ngaranna mah, keun we eta budak sina mere makna kana >> ngaranna ku kahirupannana. >> >> Saur Sayidina Ali R.A. mah, ngadidik anak teh lain keur jaman anjeun, tapi >> kudu keur jaman eta anak engke. Saha nu nyaho, ngaran nu gaya jaman bapana >> ayeuna, jaman anak engke mah justru tinggaleun jaman. >> >> Salam, >> Sarabunis Mubarok - Singaparna >> >> > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN +62 812 837 7662 www.garutleather.com ----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com

