Kanggo anu bade nganut faham ieu.nya mangga wae...kumaha mazhab masing2...

On 11/5/08, Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   keur urang islam mah geus puguh pan... ngaran2 nu alis keur budak teh
> kudu nu ngandung doa' sanes
> aya pan kasebut nami2 nu sae kanggo murangkalih islam
>
>
> On Mon, Nov 3, 2008 at 6:32 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>   Enya kadang wae eta anak jadi korban ambisi atawa nafsu kolotna...conto
>> ngaran na ; Gempur Soeharto, Trias Proletariani, Samudra Laksmana, Kapitan
>> Adisoemarta, Tavip Sulystio, Garuda Nusantara, jrrd
>>
>> On 10/31/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>
>>>    Ngaran  mangrupakeun ciri supaya hiji jalma bisa dikanyahokeun ku
>>> jalma sejenna. Mere ngaran anak teh tanggung jawab kolotna, utamana bapa.
>>>
>>> Ngaran nu alus pada dasarna moal mere pangaruh alus ka jalmana.
>>> Justru gawe akhlak eta jalma eta nungajadikeun alus jeung goreng ngaranna.
>>>
>>> Dina ayana pangaruh ngaran ka hiji jalma, paling oge akibat pangaruh nu
>>> mikawawuhna. Saban hate ngarekam rebuan ngaran. Malahan saban hate bisa
>>> ngarekam rebuan kali kana hiji ngaran.
>>>
>>> Saban hate nge-save hiji ngaran, atachmentna mangrupa akhlak nu boga
>>> ngaran oge karekam. Sarebu kali hate nge-save hiji ngaran, atachment akhlak
>>> nu boga ngaran oge karekam sarebu kali.
>>>
>>> Ana pon kitu, urang tetep kudu daria dina mere ngaran ka nu jadi anak.
>>> Aya nu bernafsu mere ngaran panjang, aya nu bernafsu mere ngaran nyunda, aya
>>> oge nu bernafsu mere ngaran kaarab-araban, kabarat-baratan, nepi ka
>>> kakuno-kunoan. Tapi nu pentingna mah eta ngaran henteu goreng jeung
>>> ngerakeun. Soal makna ngaranna mah, keun we eta budak sina mere makna kana
>>> ngaranna ku kahirupannana.
>>>
>>> Saur Sayidina Ali R.A. mah, ngadidik anak teh lain keur jaman anjeun,
>>> tapi kudu keur jaman eta anak engke. Saha nu nyaho, ngaran nu gaya jaman
>>> bapana ayeuna, jaman anak engke mah justru tinggaleun jaman.
>>>
>>> Salam,
>>> Sarabunis Mubarok - Singaparna
>>>
>>>
>>
>
>
> --
> -----------------------------------------------------------
> AGUS PAKUSARAKAN
> +62 812 837 7662
> www.garutleather.com
> -----------------------------------------------------------
> www.independen.wordpress.com
>
>  
>

Kirim email ke