Resep pisan ku istilah .."belegug biakarep'...waas lah..nuhun...
On 11/6/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tah rada caang. nuhun bah. kuring ge, sok mikir, naha ari > tulisan-tulisan ti aliran syariah nu ngaromongkeun krisis keuangan di as mun > mere solusi teh ukur cekap ku: 'pake atuh sistem ekonomi syariah' titik. > bari arang dijelaskeun modelna kumaha, contona jiga di mana. atawa > nyebutkeun baheula, sabara taun/abad sistem ekonomi islam nanjeur, tahan, > bisa ngigelan jaman? naha warna eta sistem teh sarupa atawa rugam-ragem? > > kuring mah sok mikir, lamun bener sistem ekonomi islam sampurna, urang > barat, nu sok disebut salaku penghancur islam kacida bodona. belegug beak > karep, teu bisa nenjo sistem nu euweuh kakurangan pisan ieu. padahal teu > saeutik ti maranehna nu soson-soson mempelajari islam. > > dudi > > On Thu, Nov 6, 2008 at 8:52 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> Kunaon topikna janten nagcleng tina balap kana Krisis Ekonomi AS nya ? >> keun wae bade dipairan. Dina nyarioskeun krisis eu ulah sok dipasuliwerkeun >> antawis krisis ekonomi, krisis moneter sareng sistim ekonomi...Anu sok aya >> di media sareng nu sok didungdengkeun di milist2 oge dipabeulitkeun... >> >> Sistim moneter dunya pan taun 1947 disapakati yen acuan ekonomi global teh >> nyaeta US $ anu dikaitkeun kana EMAS $ 35 per troy ounce. tapi dasar AS anu >> nyekel hak $, manehna anu kuduna matok kana harga emas, kalahka ngitung2 >> kauntungan..cenah meuning teu matok ah..supaya Capitalna nambahan..janten >> manehna sorangan anu ngalanggar kasapakatan Brentwood 1947. taun 1971 jelas2 >> sistim Brentwood ditinggalkeun ku AS. Dina sistim eta nagara2 anu >> surplus/defisit ekonomina kudu nyasuaikan nilai mata uangna >> devaluasi/revalausi ssasuey jeung kasapakatan BW. tapi kabeh Nagara teu >> ngalakukeun. Anu kabanting jelas nagara2 anu sok defisit wae siga RI ! jadi >> ambrukna sistim BW kapitalis..kulantaran cilaka ku pamolah sorangan..Ayeuna >> aya nuansa rek milih Euro, yen atawa Yuan keur cengceman mata uang dunya anu >> tetep dikaitkeun kana harga emas. tapi disiplinna tetep, siga BW. isuna naha >> AS ikhlas ? >> >> Ari soal ekonomi syariah Islam mah eta mah wacana..Teu acanm aya anu >> naglungkeun janeten basis Sistim Moneter dunya, kumargi sistem ilmu >> ekonomina benten pisan. jadi dipraktekeun dina Sub sistim kapitalis jalan >> malah sae...(Bank2 Syariah di Indo, malaysia)...tapi janten sistem Ekonomi >> sareng nyipatkeun sistim Moneter dunya..kakaek nepi ka Aspirasi sareng >> gembar gembor wae.... >> >> >> > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~ > >

