Ari si kuring mah tibalik, Bah. Mimtina maca heula novelna, karek nongton acara Kick Andy (dina jejer 'Laskar Pelangi". Pangalaman maca eta novel, nyaan asa kagagas keur ngora (hartina ayeuna geus teu ngora deui, heuheuy). Geus lila teu maca novel, komo lila pisan teu maca novel nepi ka di teu bisa nangtung mah, ngadeluk wae nepi ka tamatna, ngan dua-tilu rintakan ngadongkang bukuna. Geus lila deui karek maca novel nepi ka rada baseuh panon.
Bakat ku ngaapresiasi, eta buku harita keneh sanggeus tamat maca, direkomendasikeun ka barudak. Teu kungsi saminggu, geus rame dipatengahan jero imah ngaguar jeung diskusi ngeunaan karakter tokoh-tokohna. Barudak nepi ka apal aran-aran tokoh laskar anu 10 teh. "Laskar Pelangi", leupas tina naha carita sabenerna atawa dengdek teuing imajinasi pangarangna, tetep hiji novel anu inspiratif. Utamana keur anu merhatikan dunya atikan jeung pentingna mangsa budak meunang pangaping guru anu bener-bener micinta atikan keur budak, novel "Laskar Pelangi" hade oge jadi pangeusi daftar pustaka. manar On Mon, Nov 10, 2008 at 10:46 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mimiti nyaho aya buku "Laskar Pelangi" pas nonton acara Kick Andy dina > MetroTV. Bener-bener kuring kataji pisan, komo basa pangarangna Andrea > Hirata dipanggihkeun jeung Bu Muslimah, kuring ngilu "hanyut", bakating ku > "haru". Isukna langsung ka toko buku, meuli buku eta, sina dibaraca ku > barudak. Ayeuna aya pelemna, ngan kuring acan lalajo, tapi barudak jeung > indungna mah enggeus. Alus cenah. > > Ngan bieu maca dina millis tatangga, cenah Andrea Hirata, sang Pangarang > jeung pagawe PT Telkom Bandung teh, kungsi boga pamajikan, padahal manehna > ngaku bujangan. Pamajikanana batur salemburna. Rada ngajenghok, naha bisa > kitu? > > Tapi ras inget "Laskar Pelangi", teh novel ....nya tetep we novel, > karangan, bisa memang kajadian bener ...bisa oge ukur imajinasi pangarangna > > Perkawis andrea Hirata kungsi boga pamajikan tiasa ditingali detikhot > http://movie.detikhot.com/read/2008/11/08/074003/1033380/229/ngaku-perjaka-penulis-laskar-pelangi-dituding-pembohong > > Baktos, > WALUYA > >

