Mimitina mah postingan "laskar melayu" nu dialungkeun teh, di api lain keun wae 
ku kuring, maklum wae dina minggu2 ieu pagawean rada numpuk, jadi  postingan nu 
teu pati narik ati ku kuring di asup asupkeun kana polder aeh "folder" na 
email. ceuk pikir teh ke wae mun aya waktu nu rineh rek di bukaan hiji-hiji.
Basa kamari balik gawe, waktu pamajikan keur didapur.aya nu ngagoletak na 
luhureun meja, geuningan "novel" nu judulna LASKAR PELANGI. singhoreng nu 
pamajikan meunang nginjeum ti babaturan na nu karek balik ti Batam.
Inget kana postingan dulur kuring di milist ngeunaan Laskar Pelangi,  panasaran 
eta novel tuluy dibukaan di bacaan najan bari diliwatan, geuning alus bahasa 
jeung caritana, tuluy weh balik deui di baca timimiti.
Maca alur carita, kuring beuki tilelep kana bacaan, asa ngalayang ka alam 
katukang, waktu kuring keur leutik.
Ngabayangkeun pejuang-pejuang tangguh di lembur kuring, nu ditugaskeun jadi 
guru di lembur singkur nu can kasorang aspal, listrik, komo deui PDAM mah. 
apalagi ....BIOSKOP! atawa Moooolllll.....
Calana pondok warna beureum geus belel da puguh warisan nenek moyang turun 
temurun, pakean pamere anak ua nu ngumbara di Cigasong-Majalengka.
Hirup dilembur nu jauh kaditu kadieu, kacida sangsara na. isuk-isuk kudu 
meresihan liang irung, hideung ku haseup cempor urut ngapalkeun tadi peuting. 
Di unggal imah teu aya nu ngabogaan bak mandi atawa toilet. Jadi mun karerepet 
geus datang, kapaksa kudu tuturubun ka lebak Cijaweu, nagog nyanghareup ka 
girang, da ari nyanghareup ka hilir mah,….beu ngarakacak temen meureun nu 
pileuleuyan, moal panggih deui. (punten sanes jorok)….
Cobi pang ngabayangkeun pami karerepet datangna tengah peuting????
Tahhh leres pisan, …”DIBUNGKUS!!!!”
Sok inget kana lagu jaman baheula: nu judulna poho deui:
 
Tengah peuting keur jemplang-jempling
Kuring nyaring bet hayang ngising
Rek kapipir sieun ku anjing
Kapaksa mah modol na Piring
 
Isuk-isuk kuring geus nyaring
Jig ka dapur bau odading
Ret na piring aya nu garing
Singhoerng teh….Ising kuring..
 
Punten kanu nuju Tuang! Ngahaja…
 
Indit sakola bororaah make sapatu alus, sendal oge teu boga. NYEKER wae.....
tapi dina waktu harita taya kaera najan teu boga sapatu oge da geus umumna kitu.
Perekonomian warga dilembur kuring waktu harita taun 1984, keur meumeujeuhna 
susah, 
Tanah kolot tadah hujan, ngan ukur dipelakan 6 bulan sakali dina mangsa hujan 
datang. Can bisa ngocorkeun cai ti lebak, da mesin cai can usum tea.
Tong boro mikiran hayang meuli mesin cai, dalah keur dahar sapopoe oge kadang 
tara kacumponan, komo deui mikiran lauk cai atawa daging hayam mah.
Isuk-isuk sarapan Sangu nu dicampur jeung jagong garing sesa taun katukang nu 
di gantungkeun di luhureun para seuneu. Keur harita mah mewah pisan pami dahar 
sangu bodas hungkul teh. Rata-rata sangu na sok di campuran sagala supaya rada 
loba dungkukna. Deungeun sangu na sambel goang make surawung, beuleum peda dina 
piring seng nu teu meunang diciwit dagingna. Kudu dicocolan ku sangu sabab bisi 
tereh erep euweuh  keur isukan. 
Bapa kuring nu ukur jadi Jurutulis desa, bororaah meunang gaji bulanan, dalah 
gaji taunan ge euweuh. gajina cukup ku pancen sataun sakali ku pare sakintal. 
Anak aya kana tujuhna pimanaeun mahi keur sataun.
Kapaksa atuh, kudu bukbek banting tulang. Bari ngalayanan warga  keur uras-urus 
dokumen, balik ti bale desa pabeubeurang indit ka huma kadang nepi ka peuting 
pama pareng bulan keur caang, ngagecruk macul taneuh garing. Poko na mah  
bener-bener banting tulang indit isuk datang peuting. Teu sirikna manggih 
tulang dijalan ge di banting –banting.
Waktu harita, nu dipentingkeun teh dahar isuk, dahar beurang mah sakapanggihna. 
Kadang sangu tiis nu tadi isuk, menu na oge sarua. 
Peuting waktu datangna “Dinner” kuring sakulawarga ngajemprak sila ngariung 
“Oyek”, nyaeta gaplek sampeu nu meunang ngeueum saminggu dibalong diseupan, nya 
kitu tea rada melenghir bau….”ee” e (red: a na make tanda kutipan diluhur). 
Lampu cempor nu kakalicesan beakeun minyak satia nyaangan kuring sakulawarga 
waktu keur makan malam nu paling romantis dina suasana remang-remang.
Dina mata kuring, bapa kuring pejuang sajati, bajuang mempertahankeun hirup, 
jeung berjuang ningkatkeun darajat hirup, nepi kana waktuna mangsa kuring kelas 
3 SD anjeuna kudu ngumbara ka Batam, nuturkeun lanceuk kuring nu geus tiheula 
ngumbara di ditu dibawa ku salakina.
Gurat tegar jeung sabar, salawasna ngahias wajah bapa, sanajan dirundung ku 
kasusah. Ieu pahlawan kuring nu paling ku kuring dipihormat.  
Lembur kuring ngaran na Cimanintin asup ka wilayah Sumedang, kabehdieunakeun 
loba mahasiswa ITB jurusan geologi nu ngayakeun penelitian, sabab lempengan 
batu di daerah kuring rada narik kana ati. pa antay-antay ngaberes ti wetan ka 
kulon kapotong ku walungan, siga  mangrupa urut bendungan alam nu kapotong ku 
walungan. Kahilirna keun gurat-gurat lempengan batu ampir sarua sapanjang 
walungan nu mangrupa perbatasan Sumedang – Majalengka. 
Di sisi walungan cilutung lebah kampung Buniasih peuntaseun walungan nu ka asup 
ka Majalengka, aya batu mangrupa arca nu keur nangtung saluhur 10meter leuwih 
dina gawir (jurang) nu nangtawing luhurna aya kana 400 meterna. kamiringan 
gawir ampir kana 90 darajat.
Ku sawatara jelema, dipercaya yen eta batu mun kawenehan palebah hulu na sok 
hurung siga obor. Cenah….Wallohu alam maenya teuing! 
Cik baraya, sugan aya nu bade meser eta batu siga arca, sugan we payu 20 miliar 
....ka kuring we royalti na...10%, siga na kuring rek balik jadi TKI. mun teu 
laku samiliar wios samilieur oge, ngan nu jelas daerah kuring asa na mah sanes 
cagar budaya.
Balik deui ka kuring keur leutik.
Kuring tong disruakeun jeung Lintang atawa Mahar, anu maranehna boga prestasi 
jeung palalinter....Kuring mah biasa-biasa wae, teu aya nu nonjol boh otak 
katuhu atawa otak kenca. Sigana otak tengah nu nonjol teh, bakating sering 
tidagor kana meja, (puguh karesep teh susumputan na kolong meja bari noongan 
anderok awewe...ih dusun).
Sikuring leutik, caringeus beak karep, ka mamana lumpat, puguh awak leutik jaba 
begang jadi linghas. tah palebah buukna nu beureum jeung bau hayam meunang 
ngaleob mah sarua jeung si Lintang. Masalah awak alhamdulilah teu boga kura, 
mun hapur loba …poko na sikuring dina waktu harita teu kaurus lah da puguh 
indung bapa indit isuk datang sore. 
Saha nu nyangka mun kuring ka-gedenakeun kasep ngalempereng koneng siga kieu!
Kuring sakola di sakola negri, sa kelas aya 14 urang murid hasil tina rekrutan 
ti opat kampung. Lain pedah susah asup ka sakola negri, tapi memang euweuh deui 
budak nu hayang sakola. Sigana jaman harita pamarentah berhasil kana program KB 
na di lembur kuring.
Ari sakolaan kuring leuwih alus wangunan na jeung sakolaan si lintang, diburuan 
sakola dipelakan ku pepelakan nu ngahasilkeun saperti tangkal peuteuy, kalapa 
jeung selong lamtorogung. Babalean tina awi bitung, handapeun tangkal buah meni 
geus leucir, balas di dariukan ku barudak.
Di jero kelas, ubin (alas) warna hideung unggal poe disapu jeung dipel ku 
barudak nu kabagean piket, beresih tur leucir.
Hiji waktu, dina usum hujan, bu Eti, guru kelas opat nu pang galakna ngawakwak 
hareupeun kelas. 
“Ceuk aing oge sendal na tong dipake dijero kelas barudak!!” cenah, nyebutkeun 
sandal sabab geus apal di sakola kuring teu aya nu make sapatu.
“Bu, da kuring mah teu ngangge sandal di kelas!” ceuk edoy di pojok bari 
neuteup suku na nu lamokot ku taneuh beureum. 
Pelajaran moral kahiji: jangan melarang anak pake sandal dikelas terhadap anak 
yg tak punya sandal.
Ceuk kuring, ieu mah. Teuing kunaon, ceuk rarasaan mah kuring teu pinter, otak 
bororaah encer, ukur otak hasil tina lauk asin jeung sambel goang. matematika 
belet, dina nulis siga ceker hayam,  agama teu aya nu dipunjulkeun. Komo deui 
palebah ngaji mah  masih keneh alif ba ta nepi ka kelas dua. 
Tapi, ari palebah peunteun sok alus wae, kadang sok rengking dua kadang sok 
rengking hiji, pang gorengna rengking opat ku opatan. Si Oman teu weleh suka 
bungah sabab unggal dibagi raport teu weleh meunang rengking lima belas besar, 
nyaeta rengking 14. 
Komo palebah kenaekan kelas mah meni sok ajrag-ajragan sagala ngarangkulan 
emana bakating ku bungah. Pedah naek kelas!
Pelajaran moral ka dua: Kebahagian bukan datang dari pencapaian prestasi, tapi 
kita lepas dari  musibah.
Teuing perencanaan wilayah nu salah, atawa lembur kuring nu nyeglok teuing jauh 
kaditu kadieu, nu jelas desa kuring harita kacamatan na ka Cadas ngampar, jauh 
melang-malung, mun sakalian aya kagiatan sakola dikacamatan boh dina hal 
pramuka, lomba  upacara,  lomba cerdas cermat, atawa lomba lian na, mun hayang 
tumpak mobil kudu ngaliwatan kacamatan sejen nyaeta kacamatan Wado, kitu na teh 
kudu leumpang heula 6 kilo ka desa Cipendeuy. mun hayang lurus, kudu leumpang 
mapay kebon pines, ka daerah pining angin, Cisampih jeung Ciranggem nu jarakna 
puluhan kilometer. Tong dibayangkeun aya tutumpakan, dalah jalan oge teu sirik 
na kudu nyuay-nyuaykeun cawene montel nu ngahalangan jalan, manggih jalan koral 
teh mun geus asup ka Cisampih.
Kitu deui surat nu make pos kudu nginep heula di kacamatan, bisa nepi kana ka 
sabulan na, kitu oge mun aya aparat desa nu rapat di kantor camat. Mun teu aya 
mah parat nepi ka iraha. 
Geus ilaharna dilembur kuring, barudak dilurkeun da teu kaurus, bah daharna boh 
pake na. barudak hirup mandiri anu dina harti harfiah “Mandi nyuci sendiri”. 
Poko na barudak dilembur kuring nu hirup jaman harita kurang menyenangkan. 
Sabab salian kudu ngurus dirina, oge kudu ngurus sasatoan, timimiti ngala 
parabna, nepi ka ngangon na, onggal poe balik sakola kudu nutur-nutur bujur 
domba, bisik ngaranjah kana pepelakan batur.
Sama sakali sakola kuring taya prestasi nu nyugemakeun, ari lain basa jadi 
perwakilan kacamatan di Sumedang dina acara POR SD dina pertandingan Bola Poli 
mah(Eh… Volley). 
Rek kumaha aya perstasi baraya, diajar sakeyengna, kelas aya 6, ari guru aya 
opatan kaasup kepala sakola. Mun teu ka ajar, barudak di lurkeun sina maen bal 
(mengbal ceuk logat urang lembur), parat nepi ka beurang.
Dina usum mijih guru nu asli urang lembur bolos ngadon pakaya disawahna, kitu 
na teh sok ngeprik barudak sina mantuan macul atawa tandur. Heuheu….lain bohong 
ieu teh!
Tina opat welas murid tadi, nu sesa nepi ka kelas genep ukur 11 urang, sesana 
pegat ditengah jalan kaasup si Oman, sabab teu naek ka kelas opat, ingon-ingon 
na teu kaurus. 
Tinu sawelas nu diteruskeun sakolana nepi ka SMP. Sesana nu awewe dikawinkeun 
sedengkeun lalaki sina molah sawah jeung miara ingon-ingon.
Ka beh dieunakeun perjuangan hirup kuring tambah beurat, sabab uteuk nu 
pas-pasan kudu saingan jeung batur nu pangaweruhna geus loba sabab kualitas 
sakola SD na alus, kadang sok males mun rek indit sakola sabab inget PR can 
bisa ka kerjakeun.
Mun inget mangsa katukang, mangsa keur leutik, teu kabayang yen kuring bakal 
hirup di nagara batur siga kieu. Teu kabayang sakola SMA-SMA acan, komo 
kabayang kuliah, nu kabayang jeung cita-cita kuring keur leutik basa ditanya ku 
Pa Tasma basa kelas opat “Hayang Jadi Kenek” pedah eta ningali mang Kandi 
sering Indit ka kota “gratis”.
Kitu na teh sok dipraktekeun jeung babaturan dikokopan domba sedengkeun wadah 
jukut minangka paragi supirna.
Dimata kuring, Guru-guru kuring,  Indung, Bapa, kabeh pejuang-pejuang tangguh 
nu teu bisa dipohokeun.
Euh punten yeuh ngalamun na katerusan….!
Baktos
Si Kuring-nu keur ngumbara di Johor

 
 


      

Kirim email ke