sawios teuing atuh kang, panginten dalam rangka menikmati kamerdikaan 
endonesia..he..he... 

perkawis jaminan hirup senang :

lulusan UNDIP dijamin hirup senang ceuk kuring mah.., kunaon kitu?? kuring wae 
lulusan SD. Kertabumi 2, kec  Cijeungjing, Kab. Ciamis bisa hirup senang, 
leuwih ti kitu kuring hirup "pang senangna" di mayapada ieu. (he..he.. ceuk 
kuring).
bisa jadi lulusan UNDIP mah lewih senang deui.


wilujeng senang-senang
sonirosa
www.bolotot.com

  ----- Original Message ----- 
  From: H Surtiwa 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, November 18, 2008 6:24 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi


  Kunaon jadi kieu patarosan na..asa jajauheun...kana isuue/theme na ?



  On 11/11/08, Mamad Ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          emang lamun lulusan ti Undip dijamin bakal hirup senang 
kitu...............................

          --- Pada Sel, 11/11/08, firman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

            Dari: firman <[EMAIL PROTECTED]>
            Topik: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi
            Kepada: [email protected]
            Tanggal: Selasa, 11 November, 2008, 7:46 AM


            mhun kang abdi ge sapamadegan .. buku "laskar pelangi" kedah 
dibenten keun kang antara buku na sebagai hasil satra, sebagai bahan inspirasi 
sareng nu ngadamelna Andrea Hirata .. cenah manehna teu ngaku geus kawin .. 
masih keneh jajaka, cenah eta carita teh fiksi lain kajadian sabenerna .. kan 
eta mah urusan nu sanes nnya kang .. nu penting mah hasil na .. tiasa dinikmati 
ku urang2. 

            sim kuring mah kataji kang ku eusina .. naha cenah kitu, kieu kang 
. .pamajikan sim kuring teh guru kang .. masih honorer di swasta .. padahal 
anjeuna lulusan ti undip kang .. urang teknik, tapi kusabab hoyong milarian 
padamelan anu tiasa ngeusi waktu anjeunna tur cenah meh teh bosen teuing we di 
bumi, tapi budak masih tiasa kapalire da alim ngaleupaskeun tanggung jawab nu 
jadi indung ka budak.. teregteg anjeuna ngalamar ka sakola swasta .. ka 
madrasah kang .. .. padahal mah sakola na mah nya mun disebatkeun megah ... 
jauh kang .. atuh rajet .. henteu oge .. biasa2 wae .. mung ngajar teh digajina 
mung saminggueun . misalkan kan saminggu ngajar aya kana 30 jam na .. nya mung 
eta we anu dibayar keunna .. sanes 30 x 4 minggu .. kitu tah .. lami kalamian 
.. naha nya kang ngajar banting tulang .. tapi panghasilan asa na mah teu 
sesuai (padahal kapungkur damel di Lab perusahaan kang .. lumayan gajih na mah) 
.. tah ti dinya kang . mulai goyah .. drop sumanget kanggo ngajar teh .. KAPAN 
JADI PNS GURU cenah kitu kang ngaharewos ka sim kuring .. tenang ngajar jiga na 
mah mun jadi pns .. moal neangan sakola nu alus2 lah . da karunya ka barudak . 
keur mah lolobana budak nu teu mampu tapi sumanget diajar rendah oge ..

            sim uring ningal kick andy tea ... teras meser bukuna .. yeuh bunda 
baca bukuna .. ke mun aya film na urang nonton .. singkat carita filmna medar 
.. anjeuna ku sim kuring diajak nonton .. atuh da ceurik kang .. anjuenna teh . 
tur jadi semanget .. cenah .. maenya sim kuring eleh .. batur ge bisa ngabdi 
majukeun barudak sakola padahal kaayaanna jauh tina memadai .. (ASLI IEU MAH 
KANG??!!) harta mah cenah nomer dua lah .. da rizki mah bakal nutur keun .. 
moal salah alamat... ari sim kuring ngilu mewek deui .. lain ku film na kang . 
ningali pamajikan sumanget deui ngajar.. sok atuh bunda .. keretegkeun dina 
hate keur majukeun barudak . Insya Alloh ku Akang didukung milari rizki nu 
halal nu tiasa nyekapan keur anjeun meh regreg ngajar. 

            Aduh puntennya kang jadi curhat ieu teh jadi siga mamah dedeh jeung 
AA .. hehehehehhe ieu mung pangalaman pribados kang . .. cenah aya paribasa nya 
kang . dont judge a book for the cover cenah .. punten panjang pisan emailna .. 
nulis na ge bari muriding deui bulu irung .. ehhehehhehe 

            permios 

            firman 

              ----- Original Message ----- 
              From: Waluya 
              To: Baraya Sunda ; [EMAIL PROTECTED] ups.com 
              Sent: Tuesday, November 11, 2008 2:18 PM
              Subject: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi


              > From: ua duq
              > karesep urang nu ieu mah. duanana. nya laskar pelangina (nonton 
pelmna ge 
              > dua kali :))). nya gosipna...
              > enya, barina ge... si andrea rek jajaka, rek duda, rek enggeus 
atawa acan 
              > kawin ge keur kuring mah teu ngaruh. beda
              > upama, kamidia radisti tega nolak cinta kuring, ancur tah dunya 
              > huahahaha...

              Enya Kang Dud, tapi nyaeta sakapeung publik hayang nu boga 
lalakon teh 
              saperti dina kahirupan nyatana (real) oge kitu. Kasus Keluarga 
Marlia Hardi 
              dina TVRI baheula, contona. Ieu sinetron dianggap sinetron 
pangalusna dina 
              ngadidik barudak. Loba kritikus anu muji. Peran Marlia Hardi 
nonjol pisan: 
              indung nu wijaksana dina kulawarga. Tapi dina kahirupan nyatana 
Marlia Hardi 
              henteu kitu, anjeunna nelasan maneh lantaran kabeulit hutang 
arisan 
              berantai. Seueur deui conto dimana "dunia panggung" beda jeung 
kahirupan 
              nyatana.

              Ceuk Ahmad Albar mah:" Dunia ini, bukan sandiwara ......."

              Baktos,
              WALUYA 

         




----------------------------------------------------------------------------
    Dapatkan alamat Email baru Anda! 
    Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!




   

Kirim email ke