Kunaon jadi kieu patarosan na..asa jajauheun...kana isuue/theme na ?

On 11/11/08, Mamad Ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   emang lamun lulusan ti Undip dijamin bakal hirup senang
> kitu...............................
>
> --- Pada *Sel, 11/11/08, firman <[EMAIL PROTECTED]>* menulis:
>
> Dari: firman <[EMAIL PROTECTED]>
> Topik: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Selasa, 11 November, 2008, 7:46 AM
>
>   mhun kang abdi ge sapamadegan .. buku "laskar pelangi" kedah dibenten
> keun kang antara buku na sebagai hasil satra, sebagai bahan inspirasi sareng
> nu ngadamelna Andrea Hirata .. cenah manehna teu ngaku geus kawin .. masih
> keneh jajaka, cenah eta carita teh fiksi lain kajadian sabenerna .. kan eta
> mah urusan nu sanes nnya kang .. nu penting mah hasil na .. tiasa dinikmati
> ku urang2.
>
> sim kuring mah kataji kang ku eusina .. naha cenah kitu, kieu kang .
> .pamajikan sim kuring teh guru kang .. masih honorer di swasta .. padahal
> anjeuna lulusan ti undip kang .. urang teknik, tapi kusabab hoyong milarian
> padamelan anu tiasa ngeusi waktu anjeunna tur cenah meh teh bosen teuing we
> di bumi, tapi budak masih tiasa kapalire da alim ngaleupaskeun tanggung
> jawab nu jadi indung ka budak.. teregteg anjeuna ngalamar ka sakola swasta
> .. ka madrasah kang .. .. padahal mah sakola na mah nya mun disebatkeun
> megah ... jauh kang .. atuh rajet .. henteu oge .. biasa2 wae .. mung ngajar
> teh digajina mung saminggueun . misalkan kan saminggu ngajar aya kana 30 jam
> na .. nya mung eta we anu dibayar keunna .. sanes 30 x 4 minggu .. kitu tah
> .. lami kalamian .. naha nya kang ngajar banting tulang .. tapi panghasilan
> asa na mah teu sesuai (padahal kapungkur damel di Lab perusahaan kang ..
> lumayan gajih na mah) .. tah ti dinya kang . mulai goyah .. drop sumanget
> kanggo ngajar teh .. KAPAN JADI PNS GURU cenah kitu kang ngaharewos ka sim
> kuring .. tenang ngajar jiga na mah mun jadi pns .. moal neangan sakola nu
> alus2 lah . da karunya ka barudak . keur mah lolobana budak nu teu mampu
> tapi sumanget diajar rendah oge ..
>
> sim uring ningal kick andy tea ... teras meser bukuna .. yeuh bunda baca
> bukuna .. ke mun aya film na urang nonton .. singkat carita filmna medar ..
> anjeuna ku sim kuring diajak nonton .. atuh da ceurik kang .. anjuenna teh .
> tur jadi semanget .. cenah .. maenya sim kuring eleh .. batur ge bisa ngabdi
> majukeun barudak sakola padahal kaayaanna jauh tina memadai .. (ASLI IEU MAH
> KANG??!!) harta mah cenah nomer dua lah .. da rizki mah bakal nutur keun ..
> moal salah alamat... ari sim kuring ngilu mewek deui .. lain ku film na kang
> . ningali pamajikan sumanget deui ngajar.. sok atuh bunda .. keretegkeun
> dina hate keur majukeun barudak . Insya Alloh ku Akang didukung milari rizki
> nu halal nu tiasa nyekapan keur anjeun meh regreg ngajar.
>
> Aduh puntennya kang jadi curhat ieu teh jadi siga mamah dedeh jeung AA ..
> hehehehehhe ieu mung pangalaman pribados kang . .. cenah aya paribasa nya
> kang . dont judge a book for the cover cenah .. punten panjang pisan emailna
> .. nulis na ge bari muriding deui bulu irung .. ehhehehhehe
>
> permios
>
> firman
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* Baraya Sunda <[EMAIL PROTECTED]> ; [EMAIL PROTECTED]
> ups.com <[email protected]>
> *Sent:* Tuesday, November 11, 2008 2:18 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi
>
>  > From: ua duq
> > karesep urang nu ieu mah. duanana. nya laskar pelangina (nonton pelmna ge
>
> > dua kali :))). nya gosipna...
> > enya, barina ge... si andrea rek jajaka, rek duda, rek enggeus atawa acan
>
> > kawin ge keur kuring mah teu ngaruh. beda
> > upama, kamidia radisti tega nolak cinta kuring, ancur tah dunya
> > huahahaha...
>
> Enya Kang Dud, tapi nyaeta sakapeung publik hayang nu boga lalakon teh
> saperti dina kahirupan nyatana (real) oge kitu. Kasus Keluarga Marlia Hardi
>
> dina TVRI baheula, contona. Ieu sinetron dianggap sinetron pangalusna dina
> ngadidik barudak. Loba kritikus anu muji. Peran Marlia Hardi nonjol pisan:
> indung nu wijaksana dina kulawarga. Tapi dina kahirupan nyatana Marlia
> Hardi
> henteu kitu, anjeunna nelasan maneh lantaran kabeulit hutang arisan
> berantai. Seueur deui conto dimana "dunia panggung" beda jeung kahirupan
> nyatana.
>
> Ceuk Ahmad Albar mah:" Dunia ini, bukan sandiwara ......."
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> ------------------------------
>  Dapatkan alamat Email baru Anda!
> <http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/>
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
>
>  
>

Kirim email ke