Kang/Teh Waluh Hejo, cing urang cobaan toong naon nya wawangsalan teh. Urang make conto we nya ngaran gampang. Ieu contona:
Belut sisit saba darat kapairaray siang wengi Eta conto di luhur teh, nu ngan ukur diwangun ku dua baris, ngandung maksud nu disamarkeun. Tugas urang keur nebakna. Cing naon maksudna? Upama ku urang di toong, baris kahiji ngagambarkeun 'barang' nu disumputkeun tea. Cing teguh naon nya? Aya tilu kecap dina baris kahiji keur neguhna: belut, sisit, jeung darat. Cing naon tah mangkelukna nu jiga belut, sisitan, jeung hirup di darat. Keur neguhna, aya pituduh dina baris kadua disamarkeun dina wangunan sora engangna nu ampir sarua. Lebah dieu wangsalna taya lian ti 'O-ray'. Jigana hade tah wawangsalan teh keur ngalatih kamaheran migunakeun basa Sunda. Ayeuna urang cobaan nyieun wawangsalan anyar. Jigana jurusna nu gampang tangtukeun heula wangsalna, alias jawabanana. Terus gunakeun pola panyamaran jiga di luhur. wangsal: badul Bujal nongtot dina beuteung Kang Ndul cacalawakan Hehehe Salam, mh On Tue, Nov 11, 2008 at 11:22 AM, Laboo Hijau <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > punten bade ngiringan ah dupi anu dimaksad wawangsalan teh naon ?sakantenan > bade tumaros oge ngeunaan hurup sunda teh kumaha. > abdi asli sunda lahir di padalarang 37 taun.urang sunda tapi wawasan basa > sunda rumaos kirang pisan.komo kana ngaji mah masih keneh ngatog. maklum > kantos tikelebuh. > >

