hitut kang dudi

he he he..........




________________________________
Dari: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Rabu, 12 November, 2008 09:13:36
Topik: Re: [Urang Sunda] wawangsalan


ayeuna, cing teguh naon wangsalna, upama cangkangna jiga kieu:

mabek lir endog buruk
durutdut motor kang dudi

salam,
mh

On Wed, Nov 12, 2008 at 7:43 AM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Kang/Teh Waluh Hejo, cing urang cobaan toong naon nya wawangsalan teh.
>
> Urang make conto we nya ngaran gampang. Ieu contona:
>
> Belut sisit saba darat
> kapairaray siang wengi
>
> Eta conto di luhur teh, nu ngan ukur diwangun ku dua baris, ngandung
> maksud nu disamarkeun. Tugas urang keur nebakna. Cing naon maksudna?
> Upama ku urang di toong, baris kahiji ngagambarkeun 'barang' nu
> disumputkeun tea.
> Cing teguh naon nya? Aya tilu kecap dina baris kahiji keur neguhna:
> belut, sisit, jeung darat. Cing naon tah mangkelukna nu jiga belut,
> sisitan, jeung hirup di darat.
> Keur neguhna, aya pituduh dina baris kadua disamarkeun dina wangunan
> sora engangna nu ampir sarua. Lebah dieu wangsalna taya lian ti
> 'O-ray'.
>
> Jigana hade tah wawangsalan teh keur ngalatih kamaheran migunakeun basa Sunda.
>
> Ayeuna urang cobaan nyieun wawangsalan anyar. Jigana jurusna nu
> gampang tangtukeun heula wangsalna, alias jawabanana. Terus gunakeun
> pola panyamaran jiga di luhur.
>
> wangsal: badul
>
> Bujal nongtot dina beuteung
> Kang Ndul cacalawakan
>
> Hehehe
>
> Salam,
> mh
>
    


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke