Mugi teu lepat
   
  Belut sisit sabadarat
  Siang wengi kapiraray
  Wangsalna = Oray
   
  Manuk lisung anu jalu 
  Dagoan di pasampangan 
  Wangsalna = Jago
   
  Biasa ngadodol gula
  Abdi henteu dipaduli
  Wangsalna = Gulali
   
   
   
   
   
  

Suryana Rahayu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                  Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja 
nyuhunkeun bantosan manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan sareng tiasa 
nambihan kana ieu wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.

1. Beulit cingir simpay tangan
    Ulah lali ka simabdi
    Wangsalna : Ali

2. Ula urik saba umah
    Wong teko sopo arane
    Wangsalna : Teko

3. Teu beunang disupa dulang
    Teu beunang di bebenjokeun
    Wangsalna : Kejo

4. Teu beunang di hurang sawah
    Teu beunang dipikameumeut
     Wangsalna : Simeut

..........


Mugi aya nu kersa ngabantos, haturnuhun.

Wassalam
SURAH



                           

       
---------------------------------
  Dapatkan alamat Email baru Anda!  
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!

Kirim email ke