ayeuna, cing teguh naon wangsalna, upama cangkangna jiga kieu: mabek lir endog buruk durutdut motor kang dudi
salam, mh On Wed, Nov 12, 2008 at 7:43 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang/Teh Waluh Hejo, cing urang cobaan toong naon nya wawangsalan teh. > > Urang make conto we nya ngaran gampang. Ieu contona: > > Belut sisit saba darat > kapairaray siang wengi > > Eta conto di luhur teh, nu ngan ukur diwangun ku dua baris, ngandung > maksud nu disamarkeun. Tugas urang keur nebakna. Cing naon maksudna? > Upama ku urang di toong, baris kahiji ngagambarkeun 'barang' nu > disumputkeun tea. > Cing teguh naon nya? Aya tilu kecap dina baris kahiji keur neguhna: > belut, sisit, jeung darat. Cing naon tah mangkelukna nu jiga belut, > sisitan, jeung hirup di darat. > Keur neguhna, aya pituduh dina baris kadua disamarkeun dina wangunan > sora engangna nu ampir sarua. Lebah dieu wangsalna taya lian ti > 'O-ray'. > > Jigana hade tah wawangsalan teh keur ngalatih kamaheran migunakeun basa Sunda. > > Ayeuna urang cobaan nyieun wawangsalan anyar. Jigana jurusna nu > gampang tangtukeun heula wangsalna, alias jawabanana. Terus gunakeun > pola panyamaran jiga di luhur. > > wangsal: badul > > Bujal nongtot dina beuteung > Kang Ndul cacalawakan > > Hehehe > > Salam, > mh >

