From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih
hate.....
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Monday, November 17, 2008, 6:26 PM
Ieu yeuh anu matak leneng kana sirah, marojengjana hate alatan ku
dibukana panarimaan CPNS. Lain pedah hayang jadi PNS, tapi hate
kuring keur didoja alatan CPNS. Kieu yeuh dongengna.
Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah
estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula.
Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing
sertifikat tanah imah manehna. "Mangga cep sabaraha we diartosanna,
bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha
encep" ceuk tatangga bari ngeluk.
Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad
nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki
kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka
kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi
PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta.
"Kamana engke bapa sareng kulawarga upami bumi diical mah?" tanya
kuring ka manehna.
"Numawi bapa nawiskeun ka encep teh supados tiasa dikontrak ku bapa
upami tos kapimilik ku encep, da kabatur mah biheung tiasa dikontrak".
Ngarakacak hate mah ngadenge ngalengisna tatangga, ngan kuring jadi
ngahuleng. Kahiji kumaha lamun duit geus abus tapi teu lulus? Meureun
banda beak bari jeung euweuh hasil. Kaduana lamun enya bisa asup,
meureun si budak teh kudu bisa malikeun modal anu lain saeutik? Pan
eta teh bibit-bibit korupsi.
Kuring ngan ukur bisa kerung, teu wasa mere harepan jeung teu wasa
mere jawaban. Galecok jeroning hate nganaha-naha tatangga jeung
nganaha-naha kaayaan, anu kaluar ngan ukur "ke bade diemutan
heula....... "
Manehna balik diiringkeun ku hujan ngaririncik. .........
Obay (anu keur perang sabil na hate)
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~