astagfirullah, ampun ya Alloh areling atuh dulur-dulur jadi PNS teh salah sahiji kasab, jadi seeur keneh nu lianna tong wantun-wantun ngagadekeun akidah ngan ukur hayang jadi PNS
--- Pada Sen, 17/11/08, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> Topik: Re: [Urang Sunda] [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih hate..... Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 17 November, 2008, 11:44 AM masya Allah ..... aya keneh nu kitu ... padahal can tangtu kagantian ku gajih PNS nu sakitu ..... gambaran nu meuli kabagjaan (jadi PNS) ku kabagjaan (imah) bingung lamun seug kuring oge disanghareupkeun kanu kitu. Alhamdulillah kuring ge ayeuna PNS Leuwih alhamdulillah deui teu kudu make sugak sogok sagala baheula boga prinsip "katarima heug teu kajeun" da pedah geus gawe di suwasta ngan pindah teh pedah cenah rek aya pengurangan (waktu krismon 98) On Mon, Nov 17, 2008 at 6:33 PM, sobarh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih hate..... To: wargasubang@ yahoogroups. com Date: Monday, November 17, 2008, 6:26 PM Ieu yeuh anu matak leneng kana sirah, marojengjana hate alatan ku dibukana panarimaan CPNS. Lain pedah hayang jadi PNS, tapi hate kuring keur didoja alatan CPNS. Kieu yeuh dongengna. Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula. Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing sertifikat tanah imah manehna. "Mangga cep sabaraha we diartosanna, bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha encep" ceuk tatangga bari ngeluk. Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta. "Kamana engke bapa sareng kulawarga upami bumi diical mah?" tanya kuring ka manehna. "Numawi bapa nawiskeun ka encep teh supados tiasa dikontrak ku bapa upami tos kapimilik ku encep, da kabatur mah biheung tiasa dikontrak". Ngarakacak hate mah ngadenge ngalengisna tatangga, ngan kuring jadi ngahuleng. Kahiji kumaha lamun duit geus abus tapi teu lulus? Meureun banda beak bari jeung euweuh hasil. Kaduana lamun enya bisa asup, meureun si budak teh kudu bisa malikeun modal anu lain saeutik? Pan eta teh bibit-bibit korupsi. Kuring ngan ukur bisa kerung, teu wasa mere harepan jeung teu wasa mere jawaban. Galecok jeroning hate nganaha-naha tatangga jeung nganaha-naha kaayaan, anu kaluar ngan ukur "ke bade diemutan heula....... " Manehna balik diiringkeun ku hujan ngaririncik. ......... Obay (anu keur perang sabil na hate) ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~ Messages in this topic (10) Reply (via web post) | Start a new topic Messages | Files | Photos | Calendar Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id MARKETPLACE >From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | ___________________________________________________________________________ Nama baru untuk Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

