Lebar temen nya, sakitu bageurna nepi ka poekeun... Pun bapa Guru-Diknas, pon kitu oge pun biang, Guru-Depag, teu kungsi ngajurung2 anakna jadi PNS, komo bari jeung kudu sugak-sogok mah. walaah...
upami kaayaanana sapertos kang sobar, waduh duka tah, bisi bae kasebut nulungan nu rek nyogok, sanajan meureun sabenerna eta mah murni jual-beuli... On Mon, Nov 17, 2008 at 6:33 PM, sobarh wrote: > > Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah > estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula. > > Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing > sertifikat tanah imah manehna. "Mangga cep sabaraha we diartosanna, > bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha > encep" ceuk tatangga bari ngeluk. > > Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad > nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki > kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka > kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi > PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta.

