Pamajikan kuring oge geus 6 taun ngahonor jadi guru SMK di Bandung, tapi can diangkat-angkat jadi PNS ceunah dina waktu 2 taun ayeuna kabeh guru honorer deuk diangkat jadi PNS. Ya salaku rahayat leutik kuring mah geus TEU PERCAYA ka pamarentah teh. ku kuring geus dianggap RADIO BUTUT SESA JAMAN JEPANG!!.
Aya nu nawaran eta oge meh diangkat ceunah menta duit jang kaluhur. Ceuk sim aing teh: TEU SUDI ANAK AING DIPARABAN KU DUIT HASIL TEU PARARUGUH! Deuk kumaha ngahasilkeun budak anu bageur, soleh jeung bakti ka indung bapa, lamun eta budak diparaban ku duit hasil teu puguh?? Kabayan --- On Mon, 11/17/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih hate..... To: [email protected] Date: Monday, November 17, 2008, 3:49 AM Lebar temen nya, sakitu bageurna nepi ka poekeun... Pun bapa Guru-Diknas, pon kitu oge pun biang, Guru-Depag, teu kungsi ngajurung2 anakna jadi PNS, komo bari jeung kudu sugak-sogok mah. walaah... upami kaayaanana sapertos kang sobar, waduh duka tah, bisi bae kasebut nulungan nu rek nyogok, sanajan meureun sabenerna eta mah murni jual-beuli.. . On Mon, Nov 17, 2008 at 6:33 PM, sobarh wrote: > > Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah > estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula. > > Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing > sertifikat tanah imah manehna. "Mangga cep sabaraha we diartosanna, > bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha > encep" ceuk tatangga bari ngeluk. > > Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad > nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki > kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka > kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi > PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta.

