Kirang sayuran panginten,..
Cobi sayurana di jus

-----Original Message-----
From: Dadi Kurniadi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, November 20, 2008 8:38 AM
To: urang sunda milist
Subject: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita)

Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,

Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya
pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring
nuhunkeun bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos
di lakukeun.

Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun,
nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun

Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak
teh kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna.
Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung
"Dulcolac".
Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter,
isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt,
nembe tabuh 12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu
hilap buah-buahan mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai
herang mah sering pisan...
Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit
sesah miceun na kambuh deui,

Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos
susu na ku chilmill/chilkid,

nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan
curiga bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran,

Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan
ukur mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan
kitu ngawitan hungkul, kaditu na mah angger deui wae.

Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan
kuring konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik
deui ka dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan
bahaya pami terlalu sering mah komo deui budak masih balita.
Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik.
teras diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak
otomatis usus bakal ngilu gede.

Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu
kuduna geus waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong
miceun, janten wae miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu.
dugi ka kotoran na ageung tur teuas.

Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng,
karunya. sabab kotoran na  leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos
ku kuring diukur, diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka
ngabirigidig ...nanging can kantos upami dugi ka kaluar darah mah.
Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu
gedena.

Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang
wae unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18
unggal enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur.
Teu indit ka dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing
geus sabaraha juta dibikeunan ka dokter...

Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae
kanu Ngatur ...
Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal...

Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga
japri ka kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring.

Wasalam

Abu Hana










This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If 
you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose 
or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and 
delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, 
interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any 
such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN 
Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

Kirim email ke