Pun anak  oge kantos ngalaman, muhun leres upami ku Pediasure mah sok
sesah miceun , tarekahna dicobian meh resep nuang buah gedang (pepaya)
sareng dipasihan madu anu aromana "kuat",
Aya oge pangalaman traumatis ka budak na  upami sesah miceun sakali
salajengna  budak teh sok nahan , da sieun nyeri tea, tah eta anu
nambihan parna,
ku urang upami tiasa mah dilatih miceun ameh  rutin

OOT bilih peryogi lowongan di Indonesia Power

On Thu, Nov 20, 2008 at 8:48 AM, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kirang sayuran panginten,..
>
> Cobi sayurana di jus
>
>
>
> -----Original Message-----
> From: Dadi Kurniadi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Thursday, November 20, 2008 8:38 AM
> To: urang sunda milist
> Subject: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita)
>
>
>
> Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,
>
>
>
> Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
>
> Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya
> pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun
> bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun.
>
>
>
> Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun,
>
> nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun
>
>
>
> Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak teh
> kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna.
>
> Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung
> "Dulcolac".
>
> Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter,
> isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt, nembe
> tabuh 12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu hilap
> buah-buahan mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai herang
> mah sering pisan...
>
> Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit sesah
> miceun na kambuh deui,
>
>
>
> Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos
> susu na ku chilmill/chilkid,
>
>
>
> nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan
> curiga bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran,
>
>
>
> Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan ukur
> mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan kitu
> ngawitan hungkul, kaditu na mah angger deui wae.
>
>
>
> Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan
> kuring konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik
> deui ka dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan
> bahaya pami terlalu sering mah komo deui budak masih balita.
>
> Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik.
> teras diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak otomatis
> usus bakal ngilu gede.
>
>
>
> Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu kuduna
> geus waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong miceun, janten
> wae miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu. dugi ka kotoran na
> ageung tur teuas.
>
>
>
> Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng,  karunya.
> sabab kotoran na  leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos ku kuring
> diukur, diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka ngabirigidig
> ...nanging can kantos upami dugi ka kaluar darah mah.
>
> Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu gedena.
>
>
>
> Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang wae
> unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18 unggal
> enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur. Teu indit ka
> dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing geus sabaraha
> juta dibikeunan ka dokter...
>
>
>
> Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae kanu
> Ngatur ...
>
> Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal...
>
>
>
> Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga japri ka
> kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring.
>
>
>
> Wasalam
>
>
>
> Abu Hana
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> 

Attachment: WeBSITE _ pengumuman 2008 gel III.pdf
Description: Adobe PDF document

Kirim email ke