Rek budak rek kolot Ari hese miceun mah sami wae Pedahna budakmah urangna teu bisa ngarasakeun.
Ari uing, mun keur teu bisa miceun.. Sok ngahaja nyieun urab kalapa (engkol,toge,kpanjang dll) Sajam saeunggeus neda urab, pasti sok ngaborolo...ngayer...2,3 x mah pastilah. Gara-garana, tiap kali dahar urab pasti kitu...pasti ka klinik pabrik. Ceuk dokter, gastro... naon mah. Ari dikantin pas menu urab, halah uing nyerah. Tah pangalaman eta kuuing dipake ka budak...ngan siurab sok dijus heula. Ulah hilap cecewok saatosna. -----Original Message----- From: kunkun sobirin [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, November 20, 2008 9:12 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita) Pun anak oge kantos ngalaman, muhun leres upami ku Pediasure mah sok sesah miceun , tarekahna dicobian meh resep nuang buah gedang (pepaya) sareng dipasihan madu anu aromana "kuat", Aya oge pangalaman traumatis ka budak na upami sesah miceun sakali salajengna budak teh sok nahan , da sieun nyeri tea, tah eta anu nambihan parna, ku urang upami tiasa mah dilatih miceun ameh rutin OOT bilih peryogi lowongan di Indonesia Power On Thu, Nov 20, 2008 at 8:48 AM, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED] <mailto:yuliadi%40pttitan.com> > wrote: > Kirang sayuran panginten,.. > > Cobi sayurana di jus > > > > -----Original Message----- > From: Dadi Kurniadi [mailto:[EMAIL PROTECTED] <mailto:dadikurniadi%40yahoo.com> ] > Sent: Thursday, November 20, 2008 8:38 AM > To: urang sunda milist > Subject: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita) > > > > Kamari nu di bahas teh budak hese dahar, > > > > Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun, > > Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya > pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun > bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun. > > > > Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun, > > nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun > > > > Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak teh > kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna. > > Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung > "Dulcolac". > > Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter, > isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt, nembe > tabuh 12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu hilap > buah-buahan mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai herang > mah sering pisan... > > Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit sesah > miceun na kambuh deui, > > > > Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos > susu na ku chilmill/chilkid, > > > > nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan > curiga bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran, > > > > Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan ukur > mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan kitu > ngawitan hungkul, kaditu na mah angger deui wae. > > > > Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan > kuring konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik > deui ka dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan > bahaya pami terlalu sering mah komo deui budak masih balita. > > Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik. > teras diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak otomatis > usus bakal ngilu gede. > > > > Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu kuduna > geus waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong miceun, janten > wae miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu. dugi ka kotoran na > ageung tur teuas. > > > > Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng, karunya. > sabab kotoran na leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos ku kuring > diukur, diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka ngabirigidig > ...nanging can kantos upami dugi ka kaluar darah mah. > > Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu gedena. > > > > Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang wae > unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18 unggal > enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur. Teu indit ka > dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing geus sabaraha > juta dibikeunan ka dokter... > > > > Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae kanu > Ngatur ... > > Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal... > > > > Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga japri ka > kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring. > > > > Wasalam > > > > Abu Hana > > > > > > > > > > > > > > > > This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

