sanes ... susu bubuk tapi tong premium
contona : Bendera 456, Dancow 3+ atawa merek lainna anu kelas standar






On Thu, Nov 20, 2008 at 9:11 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   kang, maksadna susu biasa teh susu kental tea kitu??
>
>
> --- On *Wed, 11/19/08, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>*wrote:
>
> From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita)
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, November 19, 2008, 8:58 PM
>
>
>  kantos Kang kuring ge ngalaman
> da ces pleng atuh
>
> carana .... tong dipasihan susu premium ... pasihan we nu biasa ... mirah
> deuih
>
> kapungkur ngangge ChilMill, Pediasure ...nya kitu sok hese ....
> pas digentos mah ... geleserrrrr biasa we ......
> Saurna dokter, teu sadaya budak bisa nyerep bahan-bahan tambahan
> nya antukna jadi hampas wungkul
>
> resikona ... budak katingalina rada begang ....tapi keun we asal sehat
>
> awalna mah campur we heula ... supaya rasa teu robah teuing
> teras lami lami dikirangan tah susu premiumna
>
> ara ieu tos kabuktian ku pun anak
> malah anak nu kadua mah teu pisan ngangge premium tah ... kapok
> lancar alhamdulillah ... ngan wungkul ku bendera 123 we ... (sanes promosi)
> ari anu gede mah ku dancow ayeuna mah
>
>
>
>
>
> On Thu, Nov 20, 2008 at 8:37 AM, Dadi Kurniadi <dadikurniadi@ 
> yahoo.com<[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
>
>>      Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,
>>
>> Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
>> Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya
>> pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun
>> bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun.
>>
>> Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun,
>> nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun
>>
>> Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak
>> teh kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna.
>> Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung
>> "Dulcolac".
>> Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter,
>> isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt, nembe
>> tabuh 12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu hilap
>> buah-buahan mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai herang
>> mah sering pisan...
>> Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit sesah
>> miceun na kambuh deui,
>>
>> Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos
>> susu na ku chilmill/chilkid,
>>
>> nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan
>> curiga bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran,
>>
>> Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan
>> ukur mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan kitu
>> ngawitan hungkul, kaditu na mah angger deui wae.
>>
>> Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan
>> kuring konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik
>> deui ka dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan
>> bahaya pami terlalu sering mah komo deui budak masih balita.
>> Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik.
>> teras diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak otomatis
>> usus bakal ngilu gede.
>>
>> Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu kuduna
>> geus waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong miceun, janten
>> wae miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu. dugi ka kotoran na
>> ageung tur teuas.
>>
>> Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng,  karunya.
>> sabab kotoran na  leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos ku kuring
>> diukur, diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka ngabirigidig
>> ...nanging can kantos upami dugi ka kaluar darah mah.
>> Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu
>> gedena.
>>
>> Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang wae
>> unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18 unggal
>> enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur. Teu indit ka
>> dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing geus sabaraha
>> juta dibikeunan ka dokter...
>>
>> Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae
>> kanu Ngatur ...
>> Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal...
>>
>> Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga japri
>> ka kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring.
>>
>> Wasalam
>>
>> Abu Hana
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke