Mecakan kang MH : Sunda = COKOT Jawa = COKOT = gégél
Sunda = SANGU Jawa = SANGU = bekel Sunda = BOJO = pamajikan Jawa = BOJO = bisa pajikan, bisa salaki Sunda = SUE = sial kitu ? Jawa = SUE = lila Sunda = GEDANG Jawa = GEDANG = cau Sunda = SAMPEAN Jawa = SAMPEAN = anjeun Sunda = APIK Jawa = APIK = pangésto, alus Atos ah.....teuas.......! Emod, On Thu, Nov 20, 2008 at 2:34 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > AMS: " ... barangna sarua, namina benten, ..." > > Meungpeung keur reang nu ngocoblak madungdengkeun perkara > ngabanding-banding kecap dina sababaraha basa, cing urang teruskeun. > > Upama urang ngabanding-banding kecap dina sababaraha basa, aya > sababaraha kamungkinan: > > 1. kecap beda, harti sarua, > 2. kecap sarua, harti beda > > Aya kamungkinan lainna - kecap beda harti neda - ngan nu kieu mah teu > aneh atuh nya, geus ilaharna kitu. Jadi teu perlu ditoong deui. > > Model nu kahiji, jiga nu kiwari keur digorongkeun ku kang GK, contona > kecap 'kadu', 'duren', jeung 'durian'. > > Cing baraya pangneangankeun kecap naon jiga nomer dua: kecap sarua ari > hartina beda. Contona jiga ieu: > > kecap: atos > jawa, keras > sunda, sudah > > salam, > mh > >

