Ari pangalaman sim kuring ... aya lucuna oge > kecap sarua, harti beda
Nuju training di jepun ( Mishima Shi kota na teh ) rerencangan teu acan ngartos pisan bhs.jepun eta mah ... di Mes nuju bade dalahar ( leres teu iyeu teh da jamak tea .. nyeratna dalahar ) ku Mama San di pasihan menu Sup ... payunen Mama San ribut milarian .. mana " mangkok" nya .. atuh Mama San teh bari beureum benget na naroskeun ..nyarios naon eta teh ..mun ceuk urang mah ! ( nani koreee !! ) Atuh .. ku saya teh .dijelaskeun ..yen ari di indonesia mah nyaeta mangkok teh sami sareng cawan .. da ari Nihon Go mah ( bhs.jepang na ) .. eta teh ..gagaduhan awewe Heuheu heu ...... Ku saya oge .. Mama San teh diwartosan anu mirip2 bhs na .. tapi arti jauh pisan diantarana : Cincin .. Kintamani ( daerah di Bali ) .. Cibogo ( kadanguna Cimpoko.. ) daerah puntjak jrrd. Aya anu bade nambihan deui .... ________________________________ Dari: mh <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; Urangsunda <[email protected]> Terkirim: Kamis, 20 November, 2008 14:34:23 Topik: [Urang Sunda] BS - barang sarua, ngaran beda AMS: " ... barangna sarua, namina benten, ..." Meungpeung keur reang nu ngocoblak madungdengkeun perkara ngabanding-banding kecap dina sababaraha basa, cing urang teruskeun. Upama urang ngabanding-banding kecap dina sababaraha basa, aya sababaraha kamungkinan: 1. kecap beda, harti sarua, 2. kecap sarua, harti beda Aya kamungkinan lainna - kecap beda harti neda - ngan nu kieu mah teu aneh atuh nya, geus ilaharna kitu. Jadi teu perlu ditoong deui. Model nu kahiji, jiga nu kiwari keur digorongkeun ku kang GK, contona kecap 'kadu', 'duren', jeung 'durian'. Cing baraya pangneangankeun kecap naon jiga nomer dua: kecap sarua ari hartina beda. Contona jiga ieu: kecap: atos jawa, keras sunda, sudah salam, mh ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

