Panganteur .
Jalaran di kantor oge padamelan teh tos pakepuk ngalieurkeun, di Kusnet mah
bade hiburan wae. Kukituna punten upami ngintun seratan teh anu teu serieus.
Para Domba
Taun 1981, pribados kapapancenan janten supervisor KKN.Dina hiji waktos diulem
ka hiji bale desa kangge nyaksian acara "penyerahan" domba inpres. Acara di
desa tea, meh sadaya tokoh diperedih kangge biantara, diantawisna Bapa Sersan
Mayor Ondi anu kalungguhanana janten "pembina desa". Pas bagean anjeuna, duka
kunaon pembawa acara teh nyariosna rada pabeulit. Majar teh : "acara katiganyah
(padahal harita usum ngijih), yaituh sambutan dari bapa pembina mayor selaku
Ondi di desa inih". Ngadangu kekecapan kitu, pa kades langsung
ngagebes. Pembawa acara siganamah ngadon tambah geumpeur. Pedah acara pembagian
domba, ana celengkeung teh :" hapunten para
domba......................................"